Sim kuring asa sapamadegan jeung Kang Ajip, eta basa Sunda demokratis tea, ari
kasopanan mah tetep dijaga, pan basa Indonesia atawa oge basa Inggris kaasup
basa demokratis, teu manta-manta basa keur si dadap atawa si waru. Tapi meureun
mun hayang kitu panjang keneh lalakon teh. Kahiji kudu aya ahli basa Sunda anu
nangtukeun mana basa nu kudu dipake teh, atuh kaduana perlu waktu anu panjang,
bisa dua generasi deui boa. Sakitu heula, wassalam, pun Eman
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sanaos
ti penjajah asalna, ari sae tur diangkeun sarta hirup di masyarakat, matak naon
ditampi. Sanaos gagasan datang ti sorangan, ari kadituna matak malah
ngaleungitkeun basa sunda, ah ceuk aki mah ke heula anan. Lamun hese lain
alasan kudu dileungitkeun, geuning basa deungeun oge ditulis lain dibaca lain
teu polemik? Anu puguh ayeuna basa sunda keur nungtut leungit di sawatara
daerah sunda sabab di dinya loba jelema anu lain ti suku sunda. Jadi anu
polemik mah jelemana.
dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tah geuning nyanggut. enya ngaleungitkeun uubs lain hartina (oge)
ngaleungitkeun kasopanan. jeung aya tambahna deui kasopanan berbahasa oge teu
ngan saukur bisa ditembongkeun ku bedana kecap nu dilarapkeun. bisa oge deuih
ku rengkuh jeung lentong.
ngan meureun dileungitkeunna uubs ge bakal mere pangaruh sejen. basa sunda
strukturna (nu tadina ngabutuhkeun tilu kecap jadi dua atawa hiji pisan) bakal
leuwih sederhana. anu moal henteu bakal ngurangan kabeungharan kecap basa sunda
On 11/2/07, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Pian...
mun teu salah Abah Ayip Rosidi oge sapamadegan sareng Kang Pian...
nu kudu dileungitkeun teh Undak Usuk Basa-na...
da ari sopan santun-na mah angger diperlukan, matakna diusulkeun yen basa
sunda teh perlu dirobah tina 3 tingkatan (nu ngawakilan sumanget peodalisme),
jadi ngan 2 tingkatan (nu egaliter tapi tetep aya sopan santun)
tadina = basa lemes, loma jeung kasar
rubah jadi = basa merenah jeung loma...
^_^
----- Original Message -----
From: Ahmad Sopiani
To: [email protected]
Sent: Friday, November 02, 2007 4:36 PM
Subject: [Urang Sunda] Re:Panganteur* (Polémik Undak-usuk Basa Sunda)
Eleeuh
geuning ku kitu na nya
hatur nuhun kang dudi, jadi nambah elmu
yeuh.
Ari kuring pribadi sih nganggap basa loma basa lemes teh tetep perlu aya,
kusabab asa teu nerap kana uteuk mun nyebut SIA ka indung bapak. Pan di basa
indonesa ge aya, ari ka babaturan mah nyebut KAMU, ari ka nu leuwih kolot,
karek wawuh atawa "jelema" saluhureun mah nyebut "ANDA".
Ari perkawis hese ngajarkeun ka "kaum muda" mah, sabenerna bisa diupayakeun,
da geuning bareto sepuh urang tiasa ngajarkeun ka urang. Nu penting mah usaha
wae heula ngajarkeun sunda ka generasi muda, hasilna rek nu kasar rek nu lemes
eta mah urusan engke. Watir yeuh... mikin lila mikin leungit wae nu make basa
sunda teh. Di Bekasi geus teu aya harepan, di tangerang geus pikahariwangeun
Hatur nuhun.
A
._,___
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!