> From: Dede Sahman > Rumasa teu diajar Antropologi da sanes ti IPS. Tapi upami sejarah mah > Insyaallah teu kawon ku Guru sejarah SMA. > Kecuali Sejarah Kemerdekaan Indonesia teu pati resep sabab meh beh dieu > eta mah. Resep teh ka Sejarah sarupaning > "Ancient". Boh Mesir, India(Mohenjodaro sareng Harappa), Indian, China > pokokna anu saruping budaya panglilana di > dunya. he..he...(ke naha sejarah aya patula patalina sareng antropologi?)
Elmu antropolgi teh rupa-rupa, aya nu disebut Antropologi ragawi. Di Indonesia tokohna Almarhum Prof Teuku Yacoob, Guru Besar di UGM nu kungsi jadi Rektor UGM, urang Aceh nu tangtuna oge muslim. Prof Yacoob pendidikan awalna DOKTER tapi anjeunna leuwih katarik kana elmu anthropologi. Doctorna lamun teu salah di Leiden Walanda, soal tangkorak Pithecantropus (jadi teu jauh jeung kasang tukang pendidikan nu dokter, apal kana anatomi awak manusa). Keur jalma awam, bakal hese ngabedakeun tangkorak "monyet bisa leumpang nangtung" jeung tangkorak manusa, da kacirina bakal sarua wae, ngan jelema-jelema nu diajar dina anatomi, kalatih jeung loba pangalaman nu bisa ngabedakeun. Profesi jadi ahli anthroplogi ragawi sabenerna teu narik dina segi materi, sabab teu ngahasilkeun duit gede, dibandingkeun lamun jadi dokter. Tapi Prof Yacoob milih profesi ieu, hiji hal nu kudu dihargaan keur pengabdianna kana Elmu Pangaweruh. Lucuna urang Indonesia leuwih apal Harun Yahya tibatan Prof Yacoob nu jelas-jelas bangsa urang, elmuwan kaliber internasional, diaku dimana-mana ...... Perkara Kang Dede nolak evolusi manusa mangga nyanggakeun, kuring oge moal maksa. Ngan kedah diemut Pulo Jawa teh salah sahiji SITUS PENTING dina widang evolusi, ku kapanggihna fosil-fosil "monyet nu bisa leumpang nangtung" di DAS walungan bengawan Solo. Lamun urang Indonesia terus-terusan "DICEKOKAN" sina anti teori evolusi, kahareup sigana mah nu nalungtik hal ieu, ngan urang asing wungkul, siga jaman kolonial Walanda baheula, urang mah cukup jadi panonton we saperti biasana ..... Baktos, WALUYA

