>  Teori "bleg jleg" alias teori penciptaan boga kalemahan. Lamun langsung
>  diciptakeun "bleg jleg", meureun dina proses tumpurna ge sakaligus.
   >>>> Pan aya kiamat kang, anu bakal numpurkeun sakaligus.

> Tapi
>  dina kanyataanana pan henteu, aya proses. Maung Jawa tumpur, tapi tumpurna
>  teu sakaligus, dina jero 100 taun, nu numpurkeunana, jelas manusa, prosesna
>  oge jelas. Kitu deui proses mangkeluk-mangkeluk sejenna nu geus tumpur.
   >>>> Upami proses tumpurna manusa ceuk akang kumaha ?

>  Tah keur nu teu resep teori Darwin, nu diurus teh ngan ngabayangkeun 
>  mangkeluk "diciptakeun". Ari palebah tumpurna teu dipikir.
   >>>> Ieu teh klaim wungkul atanapi tos kabuktosan ?

> Ieu beda jeung
>  teori evolusi, ku dasar-dasar teori evolusi, mucunghul elmu lingkungan
>  (enviromental Science, Darwin peloporna). Mangkeluk bakal tumpur, lamun teu
>  bisa nyaluyukeun diri jeung lingkungan. Jadi lingkungan kudu dijaga. Ari
>  teori penciptaan "bleg jleg" mah teu mikir kadinya, da tadina ge "langsung
>  jadi", teu nempo lingkungan, lamun tumpur ge, ah da eta mah geus takdir
   >>>> tah ieu analisis timana ?

>  
>  Baktos,
>  WALUYA

wasalam

-gusaeni-



Kirim email ke