> From: gusaeni >>>> Pan aya kiamat kang, anu bakal numpurkeun sakaligus.
Mangkeluk nu tumpur ti baheula keneh geus aya. Dinosourus geus tumpur, Maung Jawa geus tumpur, gajah jeung Kuda Nil Jawa geus tumpur ( Di Jawa baheula aya kuda Nil jeung gajah, tulang-talengna bisa ditingali di Musieum Geologi Bandung). Manuk Japati khas Amerika geus tumpur, dulurna "Setan Tasmania" geus tumpur, Sakeudeung deui Badak Jawa ... lamun konvervasina teu hasil. Jadi tumpurna mangkeluk teu ngantosan kiamat heula. >>>> Upami proses tumpurna manusa ceuk akang kumaha ? Manusa bisa tumpur, pangpangna lamun dahareun teu aya. Ari ayana dahareun kapngaruhan ku lingkungan. Sedengkeun akibat kalakuan manusa, lingkungan di Dunya rusak, Global Warming. Sagara keusik jadi ngalegaan. Lamun manusa teu bisa ngajaga lingkungan tempat hirupna, teu mustahil manusa tumpur leuwih gancang, jadi fosil. Engkena dunya ieu sigana dikawasa ku ..... sarangga nu daya adaptasi kana lingkunganana leuwih hebat tibatan manusa ....hehehehe >>>> Ieu teh klaim wungkul atanapi tos kabuktosan ? Bade disebat klaim mangga, tapi mana buku atawa teori ti para pendukung "Penciptaan Cerdas", kana tumpurna hiji species mangkeluk hirup? >>>> tah ieu analisis timana ? Jawabna sami jeung diluhur Baktos, WALUYA

