> From: MRachmat Rawyani
> Ceuk saha, ilmiawan Barat pola pikirna ilmiah,
> obyektif, rasional?

Kang, di Amerika loba Kristen Fundamentalis, maranehna keukeuh peuteukeuh 
hayang "ngaleungitkeun" Teori Darwin. Ceuk beja mah Harun Yahya oge aya gawe 
babarengan jeung golongan ieu, contona foto-foto dina buku HY, sabenerna 
disupply ku golongan Kristen Fundamentalis ieu. Malah tanpa ijin tinu nyieun 
foto, nu umumna ti kalangan universitas atawa laboratorium lembaga 
panalungtikan. Di sababarha nagara bagian Amerika, kolompok kaum 
fundametnalis Kristen ieu ngusulkeun supaya "Teori pencipataan cerdas" teh 
diajarkeun di sakola-sakola. Ngan pangadilan (Mahakamah Agung) nolak, sabab 
cenah "Teori Penciptaan Cerdas" teh laen elmu, tapi "agama". Jadi rada 
ngaharib-harib jeung di toko buku di urang, nu misahkeun buku-buku HY dina 
rak buku-buku agama, lain dina rak buku-buku biologi .......

Ari ceuk kuring mah, teori evolusi oge tetep aya peran Tuhan, ngan beda 
jeung teorina "bleg jleg" alias "kun faya kun", Tuhan nyipatakeun universe 
(alam semesta) ngaliwatan proses. Salah sahijina proses evolusi mangkeluk. 
Teori "bleg jleg" alias teori penciptaan boga kalemahan. Lamun langsung 
diciptakeun "bleg jleg", meureun dina proses tumpurna ge sakaligus. Tapi 
dina kanyataanana pan henteu, aya proses. Maung Jawa tumpur, tapi tumpurna 
teu sakaligus, dina jero 100 taun, nu numpurkeunana, jelas manusa, prosesna 
oge jelas. Kitu deui proses mangkeluk-mangkeluk sejenna nu geus tumpur.

Tah keur nu teu resep teori Darwin, nu diurus teh ngan ngabayangkeun 
mangkeluk "diciptakeun". Ari palebah tumpurna teu dipikir. Ieu beda jeung 
teori evolusi, ku dasar-dasar teori evolusi, mucunghul elmu lingkungan 
(enviromental Science, Darwin peloporna). Mangkeluk bakal tumpur, lamun teu 
bisa nyaluyukeun diri jeung lingkungan. Jadi lingkungan kudu dijaga. Ari 
teori penciptaan "bleg jleg" mah teu mikir kadinya, da tadina ge "langsung 
jadi", teu nempo lingkungan, lamun tumpur ge, ah da eta mah geus takdir 
.........

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke