> --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Di darat oge sigana aya nu proses evolusina teu terus. Cara > kanguru, nu suku > hareupna teu terus tumbuh cara suku tukang atawa suku hareup sato > > sejena.
MJ, sato siga kanguru ngan aya di Australia jeung Papua. Cenah Wanua Australia umurna kolot jeung kapisah lila jeung daratan nu sejen. Mangkelukna ngalaman evolusi nu beda jeung di tempat sejen. Di Australia sato aslina kabeh sato nu boga kantong ( Marsupulia, binatang berkatong). Rek eta herbivora siga kanguru, atawa siga setan Tasmania nu karnivora (kadaharanna daging). Malah "beurit" Australia oge sarua lamun anakan, anakna diasupkeun kana kantongna. Ieu beda jeung didaratan sejen, sato nu sarimbag umumna MAMALIA (binatang menyusui), rek herbivora atawa karnivora atawa siga manusa nu ngadahar sagala rupa. DIngo, Anjing leuweung nu aya di AUstralia, mamalia nu dibawa ku jelema samemeh urang kulit putih nimukeun Australia. Jelema ieu asalna ti Indonesia, sabab Dingo sabenerna teu jauh jeung anjing kampung di urang. Nempo dina TV, urang Australia ayeuna keukeuleuweuhan gara-gara Bangkong. Waktu lahan pertanian di australia loba hama, keur ngabarantas hama, didatangkeun bangkong ti Amerika Tengah. Bener eta bangkong teh "galak" pisan ngadaharan hama, ngan lain hama wae nu dihakan, tapi sagala rupa. Bangkong ieu teu boga musuh alamina, jadi ngalobaan, teu katahan. Bangkong lokal oge beak dihakanan.... tuntungna bangkong imigran ieu malik jadi "hama". Jadi, enviromental science teh penting pisan. Tapi anehna loba nu poho ieu elmu teh sabenerna aplikasi tina teori evolusina Darwin! Baktos, WALUYA

