Narik Kang W..lamun tumpur..nya nggeus we da ti kudratna kudu kitu....Eta
mah nasib..tos garisan na kitu.....

On 5/28/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   > From: MRachmat Rawyani
> > Ceuk saha, ilmiawan Barat pola pikirna ilmiah,
> > obyektif, rasional?
>
> Kang, di Amerika loba Kristen Fundamentalis, maranehna keukeuh peuteukeuh
> hayang "ngaleungitkeun" Teori Darwin. Ceuk beja mah Harun Yahya oge aya
> gawe
> babarengan jeung golongan ieu, contona foto-foto dina buku HY, sabenerna
> disupply ku golongan Kristen Fundamentalis ieu. Malah tanpa ijin tinu
> nyieun
> foto, nu umumna ti kalangan universitas atawa laboratorium lembaga
> panalungtikan. Di sababarha nagara bagian Amerika, kolompok kaum
> fundametnalis Kristen ieu ngusulkeun supaya "Teori pencipataan cerdas" teh
> diajarkeun di sakola-sakola. Ngan pangadilan (Mahakamah Agung) nolak, sabab
>
> cenah "Teori Penciptaan Cerdas" teh laen elmu, tapi "agama". Jadi rada
> ngaharib-harib jeung di toko buku di urang, nu misahkeun buku-buku HY dina
> rak buku-buku agama, lain dina rak buku-buku biologi .......
>
> Ari ceuk kuring mah, teori evolusi oge tetep aya peran Tuhan, ngan beda
> jeung teorina "bleg jleg" alias "kun faya kun", Tuhan nyipatakeun universe
> (alam semesta) ngaliwatan proses. Salah sahijina proses evolusi mangkeluk.
> Teori "bleg jleg" alias teori penciptaan boga kalemahan. Lamun langsung
> diciptakeun "bleg jleg", meureun dina proses tumpurna ge sakaligus. Tapi
> dina kanyataanana pan henteu, aya proses. Maung Jawa tumpur, tapi tumpurna
> teu sakaligus, dina jero 100 taun, nu numpurkeunana, jelas manusa, prosesna
>
> oge jelas. Kitu deui proses mangkeluk-mangkeluk sejenna nu geus tumpur.
>
> Tah keur nu teu resep teori Darwin, nu diurus teh ngan ngabayangkeun
> mangkeluk "diciptakeun". Ari palebah tumpurna teu dipikir. Ieu beda jeung
> teori evolusi, ku dasar-dasar teori evolusi, mucunghul elmu lingkungan
> (enviromental Science, Darwin peloporna). Mangkeluk bakal tumpur, lamun teu
>
> bisa nyaluyukeun diri jeung lingkungan. Jadi lingkungan kudu dijaga. Ari
> teori penciptaan "bleg jleg" mah teu mikir kadinya, da tadina ge "langsung
> jadi", teu nempo lingkungan, lamun tumpur ge, ah da eta mah geus takdir
> .........
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke