Kungsi ngalamun dina novel Fetussaga. Yen sasakala mahluk teh ti cai heula,
boh cai pisan atawa hawa nu ngandung cai.

Make conto jabang bayi nu salila 9 bulanan rata2, ngajadi dina rahim nu
pinuh cai. Geus kitu pan lahir, hirup di alam nu make hawa langsung. 

Pastina si kuring oge manggih katerangan ti tempat sejen. Di eta novel terus
dilamunkeun, yen baheula sasakala mahluk darat teh ti mahluk laut (cai) nu
ngalaman evolusi. nu asalna jangjang, jadi suku atawa leungeun. Sawareh teu
sukses jadi leungeun, tapi jadi suku opat. Heuheu

Mun noong sato ampibi, kadang2 sok watir. Siga singa laut, anjing laut.
Penguin oge. Sigana eta mahluk teh gambaran proses evolusi. 

Di darat oge sigana aya nu proses evolusina teu terus. Cara kanguru, nu suku
hareupna teu terus tumbuh cara suku tukang atawa suku hareup sato sejena.
Meureun prosesna kaganggu.

Tangtu ieu mah ngan ukur ngalamun, alias fiksi. Sanajan meureun rada science
fiction. Hihi.

Mun noong buhaya atawa komodo, cakcak, kadal, toke, katingali aya struktur
awakna nu rada sarua. Pastina masing2 rada baraya keneh. Sanajan pancakakina
duka kumaha. Ngan meureun ku sabab tempat hirup masing2 beda, jadi
mangaruhan kana awakna. 

Manusa oge boga mekanisme evolusi atawa adaptasi. Nu hirup di negeri opat
musim, cenah hawana garing, teu lembab siga urang, liang irungna laleutik,
tapi jadi mancung meureun sangkan saluranana lancar da hese oksigen. Cenah
nu hirup di daerah nu polusi, bulu irungna sok langkung gondrong. Mangga
ngorong, nganggo ngetes gondrong henteuna bulu irung. Heuheu.

Mj
Mangjamal.multiply.com


Kirim email ke