Kabeneran kuring oge geus maca "origin of species" Kang. Tapi akang rek 
percaya atawa moal oge teu masalah. Ngan kuring bakal protes lamun pelajaran 
teori evolusi dipupus tina kurikulum sakola. Sabab elmu ieu penting dina 
aplikasina dina elmu lingkungan. Darwin "bapak" elmu lingkungan. Fakta ieu 
teu bisa kitu wae dipupus saperti halna kecap "Aljabar" jeung "Kimia" nu 
asalna ti Dunya Islam nu teu dipupus/ diganti kecap sejen  ku Dunya Elmu 
Pangweruh.

Kaduana kumargi akang nyebat kuring kudu "ngeh", cik kumaha prosesna 
tumpurna hiji species, sami henteu siga diciptakeunana? Kunaon hiji species 
bisa tumpur ceuk para "Creationist"?. Kade alesanana ulah nurutan Prinsip 
Teori Evolusi, mangkeluk kudu nyaluyukeun dirina jeung lingkunganana, lamun 
henteu bakal tumpur.

Baktos,
WALUYA

----- Original Message ----- 
From: Iqbal Shalahuddin
To: [email protected]
Sent: Wednesday, 28 May, 2008 2:30 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kasus Teori evolusi..Darwin tea


Assalamu'alaikum

Maca tulisan kang waluya, mun teu lepat saurna ngadukung teori evolusi tapi 
sanes anu "jleg bleg". Bahkan ngukur kamampuan jalmi tina gelarna saperti 
ningali HY saurna teori2 na mun ngiringan batur hungkul teras diterjemahkan 
ku 

Kirim email ke