Assalamu'alaikum

Maca tulisan kang waluya, mun teu lepat saurna ngadukung teori evolusi tapi
sanes anu "jleg bleg". Bahkan ngukur kamampuan jalmi tina gelarna saperti
ningali HY saurna teori2 na mun ngiringan batur hungkul teras diterjemahkan
ku sorangan, dimana benten sareng anu lulusan2 doktor atawa profesor anu
ngarangkum teori evolusi berdasarkan penelitian dimana nu teori evolusi tapi
benten sareng teori evolusi darwin. Pernyataan nu kieu abdi tos seer nguping
ti pendukung teori evolusi ti jaman kuliah S1 keneuh, saurna teori evolusi
teh memang terjadi sabab aya dimana-mana, dimana proses kehidupan teh aya
asal muasalna teu langsung "jleg bleg". Nu ngadukung pamikiran ieu katingali
anjenna teu ngartos teori evolusi nu seberna bahkan tos kapagaruhan "dogma
evolusi" dimana milarian cara "pembenaran" supaya "teori evolusi bisa
dihubung-hubungkeun jeung kehidupan di lingkungan urang" sabab memang teu
aya bukti ilmiah nu tiasa ngabuktikan mung teori evolusi teh bener.
sabernemah abdi tos cape lamun diskusi teori evolusi nu jelas-jelas "salah
dan menyesatkan" sareng anu ngaku beragama islam, sabab tos seuer bukti
bahwa teori evolusi salah, mung abdi ngigetan cobi baca buku na darwin "The
origin of species" teras bentenken keragaman spesies sareng "evolusi", teu
tiasa urang nganggo istilah "evolusi" disamikan sareng "keanekaragaman
spesies". sabab tiap istilah ngarujuk ka arti anu jalmi atanapi masyarakat
pertama nganggo istilah tersebut sapertos istilah "demokrasi" teu tiasa
disamikan sareng "toleran ka saha wae karena kebenaran". sareng teu kudu
ngalakukan experiment di lab kanggo ngabuktikan teori evolusi bener atanapi
henteu sabab tos seeur peneliti nu teu mendak pembuktian teori evolusi. sok
wilujeng "ngeh".


Punten bilih nyinggung tulisannana. masih belajar nulis sunda.
Jalmi nu nuju milarian elmu tebih ti urang sunda. Samakin luhur pendidikan
samakin katingali kabohongan dunia ilmiah jaman ayena.... jaman ayeuna
memang jaman kapitalisme, panyiksaan sareng pembantaian umat manusia
dimana-mana kanggo kapentingan golongan atawa sorangan. sok seudih kadang
hirup ngenah dinagara batur tapi dulur kasiksa, pang do'akeun sing bisa bawa
elmu kanggo dudularan sadaya.



On 5/28/08, waluya2006 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   > From: gusaeni
> >>>> Pan aya kiamat kang, anu bakal numpurkeun sakaligus.
>
> Mangkeluk nu tumpur ti baheula keneh geus aya. Dinosourus geus
> tumpur, Maung Jawa geus tumpur, gajah jeung Kuda Nil Jawa geus
> tumpur ( Di Jawa baheula aya kuda Nil jeung gajah, tulang-talengna
> bisa ditingali di Musieum Geologi Bandung). Manuk Japati khas
> Amerika geus tumpur, dulurna "Setan Tasmania" geus tumpur,
> Sakeudeung deui Badak Jawa ... lamun konvervasina teu hasil.
> Jadi tumpurna mangkeluk teu ngantosan kiamat heula.
>
> >>>> Upami proses tumpurna manusa ceuk akang kumaha ?
>
> Manusa bisa tumpur, pangpangna lamun dahareun teu aya. Ari ayana
> dahareun kapngaruhan ku lingkungan. Sedengkeun akibat kalakuan
> manusa, lingkungan di Dunya rusak, Global Warming. Sagara keusik
> jadi ngalegaan. Lamun manusa teu bisa ngajaga lingkungan tempat
> hirupna, teu mustahil manusa tumpur leuwih gancang, jadi fosil.
> Engkena dunya ieu sigana dikawasa ku ..... sarangga
> nu daya adaptasi kana lingkunganana leuwih hebat tibatan
> manusa ....hehehehe
>
> >>>> Ieu teh klaim wungkul atanapi tos kabuktosan ?
>
> Bade disebat klaim mangga, tapi mana buku atawa teori ti para
> pendukung "Penciptaan Cerdas", kana tumpurna hiji species mangkeluk
> hirup?
>
> >>>> tah ieu analisis timana ?
>
> Jawabna sami jeung diluhur
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke