> gusaeni : > Leres Pisan. Matakna urang diskusikeun leres teu teori evolusi teh ?
Ah sabaraha kali kuring nulis lamun NASA tepi ka manggihan mangkeluk hirup atawa sesana di Mars, teori evolusi bakal beuki loba buktina. Sabab "jalan pikiran" NASA teh kondisi awal Mars basa kabentuk, sarua jeung Bumi. Naha di bumi aya kahirupan? ...Ah tinggal maca dina buku2 ilmiah populer. Cik ceuk Akang kira-kira aya kahirupan di Mars atawa di planet-planet bentang sejen nu milyaran jumlahna? > gusaeni : > Lamun sumberna teu pasti kumaha urang bisa yakin ? > Hal-hal anu teu kabuktikeun sacara Ilmiah eta justru ngabuktikeun ayana > kakuatan anu > diluar kamampuan manusa nyaeta TUHAN. > Kedahna janten renungan urang yen manusa mah sarba terbatas, ngan > tiasa mikiran anu katewak ku panca indra. > Janten bahan renungan keur urang yen sains teh terbatas pisan, teu > bisa ngajelaskeun sagalana. Enya bener, tapi eta lain dunya Ilmiah, tapi dunya sejen (nu Gaib) teu bisa dicampur-adukkeun jeung dunya ilmiah. > gusaeni : > Ieu ukur prasangka anu teu kabuktikeun sacara Ilmiah. > Fakta eta teu tiasa ngabuktikeun yen manusa berevolusi, sabab hal-hal > eta bisa wae geus aya ti saprak manusa diciptakeun. > Bukti evolusi nu kuat sacara ilmiah tina fosil manusa, masih keneh > diantos bukti fosil manusa hasil evolusi. Justru kulantaran prasangka nu ngamimitian manusa nalungtik kamana-kamana. Sains (elmu pangaweruh) dimimitian ku prasangka jeung ku sikep hayang nyaho. Si akang mah teu sadar, urang Indonesia SABENERNA teu ngamasalahkeun manusa boga karuhun nu sarua jeung monyet. Buktina monyet gede di leuweung Kalimantan jeung Sumatera diaranan ORANG UTAN. Harti "Orang" teh pan manusa, Kang? .....heuheuheu Nu teu resep teh sabenerna urang Eropa jeung Asia daratan, da maranehna mah samemeh bubuara ka lembur urang jeung ka Afrika, teu nyarahoeun aya monyet gede nu bentuk fisikna jeung kalakuanana ngaharib-harib manusa .... > gusaeni : > Keur ngabuktoskeun umur fosil/benda purba para Ilmuwan nganggo sistem > waktu paruh radio aktif anu tos kabuktosan sacara Ilmiah, janten angka > 3,6 juta sanes rekaan kang. Alah ari si akang, kuring oge ngarti Carbon-dating mah, malah kuring kungsi gawe babarengan jeung urang BATAN nu make C-Dating. Masalahna ieu mah TAPAK, lain fosilna. Jadi nu bisa diuji teh batuna/ taneuhna dimana eta tapak aya. waluya : >>Pananya kuring acan dijawab, > > ari hirup manusa nu jutaan taun teh, urutna mana nya? > gusaeni : > Ieu kedahna dijawab ku para darwinis. mangga diantos penjelasanna. Ih kumaha ieu teh, Darwinis mah percayana manusa modern mimiti mucunghul kakara SAJUTA taun katukang. Jadi samemehna mah aya oge "karuhun" manusa, sabangsa primata. Nu matak waktu aya artikel tapak manusa umurna 3,6 juta taun, Creationist susurakan da geuning cenah aya tapak manusa 3,6 juta taun katukang. Bari teu dibaca eta artikel judulna wae make tanda tanya, nu hartina teu pati yakin. Baktos, WALUYA

