Walah kang Wiluya mah aya-aya bae.....he..he..
Ari Jurig Bule naon atuh ngaranna/ kaasup species naon ?

Ari abi mah seneng nonton film Drakula, duka tah naon namina ari
drakula sunda teh......he..he..

Leres kang Waluya, abi teh kaitung ludengan geuning, tapi aya pikiran
pindah tempat, Wayne nawaran ceunah lamun sieun mah pindah ka tempat 
 manehna, sabenerna mah imah ieu teh imahna Wayne, pernah
dikontrakeun, tapi tara lami, Wayne heran, naha geuning anu ngontrak
imahna tara nepi sataun langsung pindah, ayeuna mah Wayne teh terang
jawabanna mungkin takut ku ririwa, gara-gara pangalaman abi sorangan,
sabenerna mah imah teh nguntungkeun abi alias gratis, Wayne nu mayaran
sabangsaning bill asal daek nyicingan, ngan kitu geuning seueur
ririwa, imah teh lantai dua, kamar tilu, kamar mandi dua, dikamar abi
+ di loteng kanggo tamu, uyuhan ngan abi sorangan atuh puguh bae matak
linglung kurang sare, lantaran sok mireng anu aneh-aneh. 

Tapi akhi-akhir ini mah rada tenang kumargi abi mah janten biasa
panginteun, oge Wayne sering ngontrol.

Kumaha kang Waluya daramang ?

Baktos







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke