> From: ua duq
> jeung kulantaran kitu, ieu mah rek ngagosip da rada poho deui saha jeung 
> naon karyana, dina sajarah sastra sunda aya
> karya-karya sastra petingan nu ditolak ku balai pustaka dipedalkeun make 
> jalur jero taneuh, mun istilah kiwari mah indie > tea meureun nya? da 
> dinilai subversif ku balai pustaka.

Enya aya, nyaeta Yuhana (Ahmad Basyah) tea. Romanna pinuh ku kritik sosial. 
Nu paling populer "Rusiah Nu Goreng Patut". Kungsi disenetronkeun ku TVRI 
jeung meunang pujian dti sineas Eros Jarot dina Kompas lamun teu salah mah. 
Karnadi, tukang ngala bangkong di Bandung kidul, boga kahayang "gede", 
hayang ngawin Euis Awang, putra jalma jegug nu serab ku "bungkus". Karnadi 
ngaku jadi anemer, akhirna kalaksanakeun ngadahup ka Euis Awang. Akhirna 
samaranana katohyan, Lamun teu salah mah Karnadi akhirna malidkeun maneh ka 
Citarum.  Dongeng nu sabenerna tetep relevan tepi ka kiwari .....

Yuhana salian ngageuhgeuykeun anu beunghar jeung urang Arab, tapi oge Haji, 
geura ieu cutatanana tina roman "Agan Permas", nu dicutat tina buku 
"ngalanglang Kasusasteraan Sunda", Pa Ayip Rosyidi. Dialog Bapa Imba nu  rek 
nginjeum duit ka Haji Serbanna. Tina ngaranan tokohna wae, geus 
ngageuhgeuykeun, haji sorbanna wungkul. Nyanggakeun:

---------------------
Kacaritakeun Bapa Imba geus datang ka bojona nu pangkolotna tapi keur di nu
nomer dua, jol ka nomer dua, keur
di nomer tilu; jol ka nu nomer tilu, keur di nomer opat.
Barang datang ka nu nomer opat, Bapa Imba tuluy pupuntenan.
"Uhu, puuuunten." .
"Sada nu punten," ceuk Haji Serbanna ka bojona. "Cing tenjo sa­ha?"
"Ti mana?"ceuk bojona.
"Sumuhun abdi ti Kiaracondong."
"Dagoan kituh rek lohor heula! Barang bawa?" ceuk Haji Serbanna.
"Manggul sumbul geuning." ceuk bojona.
"Keun atuh, kodo bae lohor mah." Ceuk Haji Serbanna. Tuluy ma­nehna kaluar,
sarta ngajingjing tasbe panjang naker, bari kecewas-kece­wis.
"Aeh, geuning Bapa Imba, aya naon sisinarieun?"
"leu abdi teh gaduh hui, sampeu sareng lalab, hoyong katuang ku Juragan."
"Euleuh-euleuh, sing ieu manehna." Ceuk Haji Serbanna ka bojona.
"Guar ieu babawaan Bapa Imba!"
"Teu mawa nilem?"
"Teu kabujeng ngala, manawi ka payun mah bade diperlukeun.",ceuk Bapa Imba.
"Kajaba ti palay katuang, aya perlu naon deui Bapa Imba teh?"
"Sumuhun etaeun, abdi teh, ehem, aya perlu."
"Perlu naon? Pok bae ka dinya!"
"Nyambut sawah abdi teh satengah bau, namung teu acan gaduh keur ongkosna,
manawi luntur galih, bade nambut dua puluh perak, sa­bada nyawah bade
diwangsulkeun deui, ditambah ku rentenna sapuluh perak."
"A'uzubillah." Ccuk Haji Serbanna. "Harram! Harraam! Naha teu nyaho silaing
yen ngalebok renten teh haram?"
Bapa Imba silana beuki mendeko bae, kesangna nyakclakan, da si­eun teu
dibere nganjuk, pok ngomong kieu: "Sa ... sa . . . sadaya-daya bae, abdi teh
teu terang kaulanun."
"Cing, cing neangan kecap sejen, lian ti renten!" Ceuk Haji Serbanna.
"Sadaya-daya teu tiasa." Ceuk Bapa Imba.
"Pok turutkeun ieu kecap kaula! Abdi teh bade nyuhunkeun ditulung artos
kituh."
"Abdi bade nyuhunkeun ditulung artos," Ceuk Bapa Imba.
"Seueurna dua puluh perak."
"Seueurna dua puluh perak."
'Sabada nyawah diwangsulkeun deui, jadi tilu puluh."
"Sabada nyawah diwangsulkeun deui, jadi tilu puluh."
"Nu sapuluh perak, pamulang tarima lantaran ditulung keur di jero
kasusahan."
"Nu sapuluh perak, pamulang tarima lantaran ditulung keur di jero
kasusahan."
"Tah, kitu mah sah," Ceuk Haji Serbanna. "Lain renten, tapi pamulang tarima,
lantaran ditulung dina keur kasusahan."
"Leres, sareng iklas pisan," Ceuk Bapa Imba.
"Tapi kumaha lamun Bapa Imba teu bisa mulangkeun duit nu dua pu­luh tea?"
"Rorompok bae tandonna," Ceuk Bapa Imba.
"Tah, tah, geus salah pok deui bae ieuh: kieu meureun pipokeun teh: Upama
Bapa teu bisa mulangkeun duit nu dua puluh, eta imah baris dijual ka kula
kana duit dua puluh perak, nu geus dipake ku Bapa tea, kalawan suka
sorangan, kitu?"
"Taaah, sok deui ari kitu mah," Ceuk Haji Serbanna. 'Heh, ieu duitna
tarima."

[Roman Agan Permas, 1928] 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke