Kieu meureun ...kunaon urang walanda "teu pati di pikageuleuh" ku masyarakat lantaran masyarakat mah sabenerna teu pati pagiling gisik jeung walanda nu aya d masyarakat mah ... mandor ... cina ... arab .... centeng enya ge maranehna "kaki tangan" walanda
malah dina sababaraha kasempetan urang wanda nu deukeut jeung masyarakat mah nu "bageur" komo pas akhir-akhir walanda didieu . pan loba malah walanda nu jaradi guru On Wed, Dec 10, 2008 at 10:54 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Enya meureun kitu. Maksud kuring midua teh, "Arab" sacara umum. Nu > kuring > teu pati kaharti, nu ngajajah Indonesia teh sabenerna urang Walanda. Tapi > anehna heureuy nu ngageuhgeuykeun urang Walanda ampir teu aya, komo nu > lisan mah. Malah ceuk Pak Ayip Rosyidi, Roman-roman Yuhana anu kritis kana > kaayaan sosial oge, nempatkeun para "Tuan besar" ieu jadi tokoh-tokoh > panyalamet. Leuwih ajrih ka Walanda tinimbang ka urang Arab kitu? > > Baktos, > WALUYA > > > ----- Original Message ----- > From: Kumincir Wikidisastra > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:37 PM > Subject: Re: [kisunda] Urang Arab Tembang Cianjuran -> Re: Evolusi religi > Urang Sunda > > Ceuk kuring mah sikep kitu teh datangna tina panempo anu telik/objektif, > teu > bisa disebut midua. Urang Sunda ngajenan/ajrih ka urang Arab anu alus > kaislamanana, komo kanyataan yen sare'at Islam pamungkas teh datangna ti > Kanjeng Nabi anu urang Arab. Tapi, kanyataanana di masarakat, urang Arab > anu > minangka ajengan teh teu loba, da malah lolobana mah nu daragang, nya di > antarana dagang duit (bawa ti Tatar Arab meureun, anu dina Qur'an oge pan > geus ti baheulana prak2an riba). Lamun midua mah meureun ongkoh ajrih tapi > geuleuh ka hiji jinis. Ari ieu mah pan ajrih ka si fulan (baca: si pulan) > Arab anu soleh, tapi ngageuhgeuykeun si fulan sejenna anu kalakuanana > pikaresepeun peureup. > > >
