2011/7/10 oman abdurahman <[email protected]>
> ** > > > Bisa tembus, bisa moal Mh, :) > > Optimisme tembus: geus seueur "kritikan" ngeunaan KBS jeung dokumentasi > hasil-hasilna dina media, utamana koran, sababaraha poe ngadeukeutan > lumangsungna eta KBS. Utamana poe ieu, Minggu, 10 Juli 2011, dua tulisan > dina koran PR, masing2 ditulis ku kang Iip D. Yahya sareng Atep Kurnia, > negeskeun pisan kurangna dokumentasi hasil-hasil KBS. Sok sanajan boh kang > Iip atawa kang Atep henteu nunjuk langsung perluna ngadokumentasikeun hasil2 > KBS di media internet/website, tapi upama surti mah bisa jadi eta "kritikan" > teh pamecut pikeun motekar ngagunakeun internet salaku media sosialisasi > jeung nyimpen hasil2 KBS. > > Pesimisme moal tembus: sanggeus aya presentasi/demosntrasi Kusnet ngeunaan > pentingna jeung gedena potensi internet dina nyimpen, miara, sosialisasi - > cindekna: ngamumule - basa Sunda, dina KBS taun 2005 di Subang; asa teu aya > lengkah anu nyata ti panitia KBS dina mateakeun internet/media IT pikeun > basa Sunda. > > Sok sanajan kitu, kuring sapuk sareng kang JP: der wae, gajleng gejebur > kana acara anu keur eukeur padungdung, jeung, ulah hilap, kedah ikhlas, > ngageungkeun amal shaleh, ngamalkeun elmu, ngagunakeun waktu pikeun kasaean, > jst anu sarae. Der ah. Wilujeng KSB, mugia sukses. > > Hehehe, aya-aya wae KO jeung Kang JP mah, manasina ondangan hajatan nyunatan budak di kampung, kaci make jurus "Gajleng, Gejebur!"
