Abah Abbas,

Ieu asal kecap "ngabandungan" pakait jeung asal-usul ngaran "Bandung" atawa
"Kota Bandung", dibantun tina arsip file surelek di ieu milit, pedaran Abah
Surya alm. Mangga nyanggakeun:


 #Abah ngiring aub,

..................

Kanggo karuhun Sunda, rupina dina masihan ngaran ka hiji tempat (gunung,
walungan, kota sste) biasana iwal ti ngandung HARTI oge ngandung MA'NA.
Contona
kecap BANDUNG:

1) Aya nu nyebatkeun kumargi ngabandungna (pahareup-hareup) talaga Bandung
nu
ageung (nu palih kaler) sareng Talaga Bandung nu alit (daerah
Kidul/cililin),
Naha leres kitu...kitu?

2) Aya deui nu nyebatkeun Bandung<Bandungan ( ngaran sabangsaning parahu, da
cenah karuhun harita (!) parantos tiasa ngadamel parahu/bandungan).
Di-MA'NA-an
BANDUNG/PARAHU di dinya teh lambangna MANUSA

3) Aya deui nu ngahartoskeun numutkeun legenda, yen eta teh dibantun tina
kajadianana Dayang Sumbi NGABANDUNGAN talajak Sangkuriang.

4)Aya nu ngahartoskeun yen BANDUNGAN hartina PERHATIKEUN, janten BANDUNG teh
tiasa dihartikeun: NGENETAN, KONSENTRASI.

Nu tetela tatar BANDUNG teh din jaman Dipati Ukur (abad ka 17) disebatna
UKUR.
Ieu oge ngandung HARTI sareng MA'NA....#

Sumber: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/2303


manar

2011/7/11 Abbas <[email protected]>

> **
>
>
> Cing KH neda bongbolongan yeuh. Oge panginen ka sadaya miliser we lah.
>
> Ari kecap Ngabandungan atawa dibandungan aya teu pakuat pakaina
> sareng kota Bandung ? Mana nu ti heula gelar nya ?
> Kota Bandung heula, atawa ngabandungan heula terus mucunghul kota Bandung ?
> Pasti aya tah nya sasakalana ? hehehe
> Meungpeung keur kongres basa Sunda. mj kuduna mah ieu teh , tapi boa keur
> milu kongres ?
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > 2011/7/10 oman abdurahman <omanarah@...>
> >
> > > **
>
> > >
> > >
> > > Bisa tembus, bisa moal Mh, :)
> > >
> > > Optimisme tembus: geus seueur "kritikan" ngeunaan KBS jeung dokumentasi
> > > hasil-hasilna dina media, utamana koran, sababaraha poe ngadeukeutan
> > > lumangsungna eta KBS. Utamana poe ieu, Minggu, 10 Juli 2011, dua
> tulisan
> > > dina koran PR, masing2 ditulis ku kang Iip D. Yahya sareng Atep Kurnia,
> > > negeskeun pisan kurangna dokumentasi hasil-hasil KBS. Sok sanajan boh
> kang
> > > Iip atawa kang Atep henteu nunjuk langsung perluna ngadokumentasikeun
> hasil2
> > > KBS di media internet/website, tapi upama surti mah bisa jadi eta
> "kritikan"
> > > teh pamecut pikeun motekar ngagunakeun internet salaku media
> sosialisasi
> > > jeung nyimpen hasil2 KBS.
> > >
> > > Pesimisme moal tembus: sanggeus aya presentasi/demosntrasi Kusnet
> ngeunaan
> > > pentingna jeung gedena potensi internet dina nyimpen, miara,
> sosialisasi -
> > > cindekna: ngamumule - basa Sunda, dina KBS taun 2005 di Subang; asa teu
> aya
> > > lengkah anu nyata ti panitia KBS dina mateakeun internet/media IT
> pikeun
> > > basa Sunda.
> > >
> > > Sok sanajan kitu, kuring sapuk sareng kang JP: der wae, gajleng gejebur
> > > kana acara anu keur eukeur padungdung, jeung, ulah hilap, kedah ikhlas,
> > > ngageungkeun amal shaleh, ngamalkeun elmu, ngagunakeun waktu pikeun
> kasaean,
> > > jst anu sarae. Der ah. Wilujeng KSB, mugia sukses.
> > >
> > > Hehehe, aya-aya wae KO jeung Kang JP mah, manasina ondangan hajatan
> > nyunatan budak di kampung, kaci make jurus "Gajleng, Gejebur!"
> >
>
>  
>

Kirim email ke