Kumaha deui atuh Mh, tilu poe 24 makalah, 8 makalah sapoe!!! Nya gajleng 
gejebur we lah.....


JP

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Senin, 11 Juli 2011 7:28
Judul: Re: [kisunda] Re: Kongres Bahasa Sunda IX


  



2011/7/10 oman abdurahman <[email protected]>

  
> Bisa tembus, bisa moal Mh, :) 
>
>Optimisme tembus: geus seueur "kritikan" ngeunaan KBS jeung dokumentasi 
>hasil-hasilna dina media, utamana koran, sababaraha poe ngadeukeutan 
>lumangsungna eta KBS. Utamana poe ieu, Minggu, 10 Juli 2011, dua tulisan dina 
>koran PR, masing2 ditulis ku kang Iip D. Yahya sareng Atep Kurnia, negeskeun 
>pisan kurangna dokumentasi hasil-hasil KBS. Sok sanajan boh kang Iip atawa 
>kang Atep henteu nunjuk langsung perluna ngadokumentasikeun hasil2 KBS di 
>media internet/website, tapi upama surti mah bisa jadi eta "kritikan" teh 
>pamecut pikeun motekar ngagunakeun internet salaku media sosialisasi jeung 
>nyimpen hasil2 KBS.
>
>Pesimisme moal tembus: sanggeus aya presentasi/demosntrasi Kusnet ngeunaan 
>pentingna jeung gedena potensi internet dina nyimpen, miara, sosialisasi - 
>cindekna: ngamumule - basa Sunda, dina KBS taun 2005 di Subang; asa teu aya 
>lengkah anu nyata ti panitia KBS dina mateakeun internet/media IT pikeun basa 
>Sunda.
>
>Sok sanajan kitu, kuring sapuk sareng kang JP: der wae, gajleng gejebur kana 
>acara anu keur eukeur padungdung, jeung, ulah hilap, kedah ikhlas, 
>ngageungkeun amal shaleh, ngamalkeun elmu, ngagunakeun waktu pikeun kasaean, 
>jst anu sarae. Der ah. Wilujeng KSB, mugia sukses.
>
>
Hehehe, aya-aya wae KO jeung Kang JP mah, manasina ondangan hajatan nyunatan 
budak di kampung, kaci make jurus "Gajleng, Gejebur!"



Kirim email ke