bisa kang. bisa diajar di imah. tapi eta ku lalegegna urang indonesia
diganti ngaranna jadi home schooling tea. contona kulawarga seto mulyadi.
pangeusi sora si komo nu kawentar disebut ka seto tea. cenah dua budak
awewena geus teu sakola konvensional. tapi sarakola di imah. nu jadi masalah
naha sakabeh kolot budak geus boga kasanggupan jiga ka seto? tapi ketang nu
ngajarna mah bisa neangan nu lian nya?

da

On 4/19/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Asup kana bubu... Sakola teh jadi teu leupas tina 'ngarah lulus ujian'.
gara2 'ngarah lulus ujian', barudak sakola jadi teu cukup ku diajar di
sakola, tapi oge kudu ngiluan sabangsaning bimbingan belajar.

Tapi, kumaha mun kieu... Kusabab dina pamustunganana mah ditangtukeun ku
ujian nasional, barudak jadi teu perlu sakola formal. Diajar di imah ge bisa
(mun bisa). Pas dina waktuna, nya kari ngilu ujian persamaan. Pan kitu
kasauran para pejabat atikan harita ge. Mun teu lulus mah nya kari nyobaan
deui ujian persamaan. Heheh...

Enya, nya. Keur naon atuh ari ujian nasional? Lulus ujian nasional teu
ngajamin bisa lulus umptn atawa yakin bakal meunang pagawean. Nggeus we atuh
ujian nasional teh dihapus bae. Keun sina sakola nu rek nampana nu nyeleksi,
nu ngayakeun ujian. Geus anggeus sakola SLA mah geus we lulus lah, perkara
neruskeun sakola jsb, nya lajuninglakuna mah dipasrahkeun ka nu rek nampa.
Mun hayang ka PTN, nya kudu ngiluan UMPTN, atawa lolos seleksi husus model
PMDK. hayang ka PTS, nya kari ngiluan UMPTS di universitas nu dituju.

Biasana mah nu sok heuras masalah UN teh.... Kang Deny!!! Heuheu...

___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke