tah geuning nyanggut. enya ngaleungitkeun uubs lain hartina (oge)
ngaleungitkeun kasopanan. jeung aya tambahna deui kasopanan berbahasa oge
teu ngan saukur bisa ditembongkeun ku bedana kecap nu dilarapkeun. bisa oge
deuih ku rengkuh jeung lentong.

ngan meureun dileungitkeunna uubs ge bakal mere pangaruh sejen. basa sunda
strukturna (nu tadina ngabutuhkeun tilu kecap jadi dua atawa hiji pisan)
bakal leuwih sederhana. anu moal henteu bakal ngurangan kabeungharan kecap
basa sunda

On 11/2/07, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Kang Pian...
> mun teu salah Abah Ayip Rosidi oge sapamadegan sareng Kang Pian...
> nu kudu dileungitkeun teh Undak Usuk Basa-na...
> da ari sopan santun-na mah angger diperlukan, matakna diusulkeun yen basa
> sunda teh perlu dirobah tina 3 tingkatan (nu ngawakilan sumanget
> peodalisme), jadi ngan 2 tingkatan (nu egaliter tapi tetep aya sopan santun)
>
> tadina = basa lemes, loma jeung kasar
> rubah jadi = basa merenah jeung loma...
>
>
> ^_^
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Ahmad Sopiani <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, November 02, 2007 4:36 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Re:Panganteur* (Polémik Undak-usuk Basa Sunda)
>
>   Eleeuh… geuning ku kitu na nya… hatur nuhun kang dudi, jadi nambah elmu
> yeuh.
>
> Ari kuring pribadi sih nganggap basa loma basa lemes teh tetep perlu aya,
> kusabab asa teu nerap kana uteuk mun nyebut SIA ka indung bapak. Pan di basa
> indonesa ge aya, ari ka babaturan mah nyebut KAMU, ari ka nu leuwih kolot,
> karek wawuh atawa "jelema" saluhureun mah nyebut "ANDA".
>
> Ari perkawis hese ngajarkeun ka "kaum muda" mah, sabenerna bisa
> diupayakeun, da geuning bareto sepuh urang tiasa ngajarkeun ka urang. Nu
> penting mah usaha wae heula ngajarkeun sunda ka generasi muda, hasilna rek
> nu kasar rek nu lemes eta mah urusan engke. Watir yeuh... mikin lila mikin
> leungit wae nu make basa sunda teh. Di Bekasi geus teu aya harepan, di
> tangerang geus pikahariwangeun…
>
> Hatur nuhun.
>
> A
>
> ._,___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke