Sanaos ti penjajah asalna, ari sae tur diangkeun sarta hirup di masyarakat, 
matak naon ditampi. Sanaos gagasan datang ti sorangan, ari kadituna matak malah 
ngaleungitkeun basa sunda, ah ceuk aki mah ke heula anan. Lamun hese lain 
alasan kudu dileungitkeun, geuning basa deungeun oge ditulis lain dibaca lain 
teu polemik? Anu puguh ayeuna basa sunda keur nungtut leungit di sawatara 
daerah sunda sabab di dinya loba jelema anu lain ti suku sunda. Jadi anu 
polemik mah jelemana.

dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          tah geuning nyanggut. enya 
ngaleungitkeun uubs lain hartina (oge) ngaleungitkeun kasopanan. jeung aya 
tambahna deui kasopanan berbahasa oge teu ngan saukur bisa ditembongkeun ku 
bedana kecap nu dilarapkeun. bisa oge deuih ku rengkuh jeung lentong. 

ngan meureun dileungitkeunna uubs ge bakal mere pangaruh sejen. basa sunda 
strukturna (nu tadina ngabutuhkeun tilu kecap jadi dua atawa hiji pisan) bakal 
leuwih sederhana. anu moal henteu bakal ngurangan kabeungharan kecap basa sunda 

  On 11/2/07, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Kang Pian...
  mun teu salah Abah Ayip Rosidi oge sapamadegan sareng Kang Pian...
  nu kudu dileungitkeun teh Undak Usuk Basa-na...
  da ari sopan santun-na mah angger diperlukan, matakna diusulkeun yen basa 
sunda teh perlu dirobah tina 3 tingkatan (nu ngawakilan sumanget peodalisme), 
jadi ngan 2 tingkatan (nu egaliter tapi tetep aya sopan santun)
   
  tadina = basa lemes, loma jeung kasar
  rubah jadi = basa merenah jeung loma...
   
   
  ^_^
   
   
    ----- Original Message ----- 
  From: Ahmad Sopiani 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, November 02, 2007 4:36 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re:Panganteur* (Polémik Undak-usuk Basa Sunda)
  

    
    Eleeuh… geuning ku kitu na nya… hatur nuhun kang dudi, jadi nambah elmu 
yeuh.
  Ari kuring pribadi sih nganggap basa loma basa lemes teh tetep perlu aya, 
kusabab asa teu nerap kana uteuk mun nyebut SIA ka indung bapak. Pan di basa 
indonesa ge aya, ari ka babaturan mah nyebut KAMU, ari ka nu leuwih kolot, 
karek wawuh atawa "jelema" saluhureun mah nyebut "ANDA".
  Ari perkawis hese ngajarkeun ka "kaum muda" mah, sabenerna bisa diupayakeun, 
da geuning bareto sepuh urang tiasa ngajarkeun ka urang. Nu penting mah usaha 
wae heula ngajarkeun sunda ka generasi muda, hasilna rek nu kasar rek nu lemes 
eta mah urusan engke. Watir yeuh... mikin lila mikin leungit wae nu make basa 
sunda teh. Di Bekasi geus teu aya harepan, di tangerang geus pikahariwangeun…
  
  Hatur nuhun.
  
  A





._,___ 




-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com   

                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke