Kang Pian... mun teu salah Abah Ayip Rosidi oge sapamadegan sareng Kang Pian... nu kudu dileungitkeun teh Undak Usuk Basa-na... da ari sopan santun-na mah angger diperlukan, matakna diusulkeun yen basa sunda teh perlu dirobah tina 3 tingkatan (nu ngawakilan sumanget peodalisme), jadi ngan 2 tingkatan (nu egaliter tapi tetep aya sopan santun)
tadina = basa lemes, loma jeung kasar rubah jadi = basa merenah jeung loma... ^_^ ----- Original Message ----- From: Ahmad Sopiani To: [email protected] Sent: Friday, November 02, 2007 4:36 PM Subject: [Urang Sunda] Re:Panganteur* (Polémik Undak-usuk Basa Sunda) Eleeuh. geuning ku kitu na nya. hatur nuhun kang dudi, jadi nambah elmu yeuh. Ari kuring pribadi sih nganggap basa loma basa lemes teh tetep perlu aya, kusabab asa teu nerap kana uteuk mun nyebut SIA ka indung bapak. Pan di basa indonesa ge aya, ari ka babaturan mah nyebut KAMU, ari ka nu leuwih kolot, karek wawuh atawa "jelema" saluhureun mah nyebut "ANDA". Ari perkawis hese ngajarkeun ka "kaum muda" mah, sabenerna bisa diupayakeun, da geuning bareto sepuh urang tiasa ngajarkeun ka urang. Nu penting mah usaha wae heula ngajarkeun sunda ka generasi muda, hasilna rek nu kasar rek nu lemes eta mah urusan engke. Watir yeuh... mikin lila mikin leungit wae nu make basa sunda teh. Di Bekasi geus teu aya harepan, di tangerang geus pikahariwangeun. Hatur nuhun. Ahmad Sopiani Package Team R & D Group AV Factory PT. LG Electronics Indonesia Block G, MM 2100 Industrial Town Cikarang Barat - Bekasi 17520 Jawa Barat, Indonesia Mail : [EMAIL PROTECTED] Tel : +62-21-8989418 Kan .

