Eleeuh… geuning ku kitu na nya… hatur nuhun kang dudi, jadi nambah elmu
yeuh.

Ari kuring pribadi sih nganggap basa loma basa lemes teh tetep perlu aya,
kusabab asa teu nerap kana uteuk mun nyebut SIA ka indung bapak. Pan di basa
indonesa ge aya, ari ka babaturan mah nyebut KAMU, ari ka nu leuwih kolot,
karek wawuh atawa “jelema” saluhureun mah nyebut “ANDA”.

Ari perkawis hese ngajarkeun ka “kaum muda” mah, sabenerna bisa diupayakeun,
da geuning bareto sepuh urang tiasa ngajarkeun ka urang. Nu penting mah
usaha wae heula ngajarkeun sunda ka generasi muda, hasilna rek nu kasar rek
nu lemes eta mah urusan engke. Watir yeuh... mikin lila mikin leungit wae nu
make basa sunda teh. Di Bekasi geus teu aya harepan, di tangerang geus
pikahariwangeun…

 

Hatur nuhun.

 

Ahmad Sopiani
Package Team

R & D Group
AV Factory

PT. LG Electronics Indonesia
Block G, MM 2100 Industrial Town
Cikarang Barat - Bekasi 17520

Jawa Barat, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel  : +62-21-8989418

 

 
<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/121928;_ylc=X3oDMTJzZmJsbT
l1BF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyMT
kyOARzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMTkzOTgyMjYw> Panganteur* (Polémik
Undak-usuk Basa Sunda) 

Posted by: "dudi herlianto"
<mailto:[EMAIL PROTECTED]
k%20Undak-usuk%20Basa%20Sunda%29> [EMAIL PROTECTED]
<http://profiles.yahoo.com/dudi_herlianto> dudi_herlianto 

Thu Nov 1, 2007 2:31 pm (PST) 

Panganteur* (Polémik Undak-usuk Basa Sunda)
Ku : Dodong Djiwapradja

Dina bulan Maret 1986 di Lémbang geus lumangsung hiji "Seminar Kabudayaan
Sunda" nu diayakeun ku Sundanologi. Tulisan Ajip Rosidi dina Manglé No.
1048, No. 1050, jeung No. 1051 anu dijudulan "Ngabina jeung Ngamekarkeun
Kabudayaan Daérah (Sunda)" asana mangrupa makalah nu ditepikeun ku Ajip dina
éta seminar. Ti sabarang dimuat dina Manglé, kana éta tulisan ting torojol
réaksi, nya éta ti Saini K.M. (Manglé No. 1052), Djadja Sargani (Manglé No.
1053), F. Djajasudarma Idat A. (Manglé No. 1060). Éta tulisan anu beunang
disebut polémik sipatna téh sakabéhna dihijikeun ngajadi ieu buku.

===cut===

 

Kirim email ke