--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kabeneran kuring oge geus maca "origin of species" Kang.
Nambahan saeutik, sing saha wae nu maca "The Origin of Species", bakal terang yen Darwin boga pamanggih soal evolusi teh di Galapagos Pasifik. Contona manehna manggihan manuk endemis, nu ampir sarua, tapi pamatukna beda-beda saluyu jeung pulo dimana eta manuk cicing. Darwin boga kacindekan, pamatuk manuk ieu, nyaluyukeun diri jeung lingkunganana (hakaneunana). Tanggtu we kacindekan ieu, hebat keur di jamanna mah, da jalma acan malalikir kadinya. Ditambah deuih aya naturalis sejen nu aranna Wallace nu sajaman jeung Darwin (sarua urang Inggris) nu apruk-aprukan di Indonesia. Cenah, lamun Darwin teu nerbitkeun bukuna, bakal aya Wallace nu sarua boga prinsip siga Darwin. Wallace di Indonesia diabadikeun aranna keur ngaranan hiji garis imaginer di Sulawesi nu ngabagi dua Sulawesi dina hal flora jeung faunana. Jadi, lamun nganggap Darwin ngaco, "Garis Wallace" di Indonesia oge kudu dipupus ..... Tah kuring mah "ngeh"na kitu Kang Iqbal ..... Punten sanes guminter, tapi melang lamun kurikulum sakola di Indonesia mupusan perkara Teori Darwin .... Baktos, WALUYA

