> Eh pan ku kuring ge geus disebutkeun dina Sains sanes dina Teknologi (nu > hartina ngahasilkeun duit) > >> From: gusaeni >> Alah siakang, turunan hartosna sanes pokok. > Waluya : > Euh umpama kitu mah, lamun pokokna salah, turunana oge salah atuh. NASA > salah meureun ari kitu mah nya? gusaeni : Leres Pisan. Matakna urang diskusikeun leres teu teori evolusi teh ?
> >> gusaeni : >> Jalmi Ilmiah kawas akang mah komo gampil pisan, sabab dina dunia >> kaelmuan aya hal hal anu teu bisa dibuktikeun sacara Ilmiah. > waluya: > Nu matak ceuk kuring oge, KAYAKINAN mah tetep KAYAKINAN (IMAN) ulah > dipabeulitkeun jeung sikep Ilmiah (elmu pangaweruh/ Sains). Sains mah > salawasna urusanana jeung materi, Dina sains mah lamun teu katedeteksi ku > pancaindera atawa teu kaukur moal diaku aya. Contona debus Banten nu teu > teurak ku bedog, tahan ku seuneu, moal asup kana Sains satuntung Sains teu > bisa ngukur "kakuatan" naon nu aya di jelema tukang debus nepika bisa teu > teurak ku bedog. Debus Banten asupna kana gaib-gaib, lain dunya Ilmiah .... gusaeni : Lamun sumberna teu pasti kumaha urang bisa yakin ? Hal-hal anu teu kabuktikeun sacara Ilmiah eta justru ngabuktikeun ayana kakuatan anu diluar kamampuan manusa nyaeta TUHAN. Kedahna janten renungan urang yen manusa mah sarba terbatas, ngan tiasa mikiran anu katewak ku panca indra. Janten bahan renungan keur urang yen sains teh terbatas pisan, teu bisa ngajelaskeun sagalana. waluya : > Sanes fosil wae, dina posting tiheula ku kuring geus disebutkeun aya bagian > ti awak manusa nu teu jelas fungsina, dipiceun ge teu kunanaon. Salian ti > usus buntu, kuku, aya deui ....KULUP PENIS (punten). Urang pan disunat, > kulup ieu dipiceun. Keur naon kulup penis, boa-boa ukur pasesaan nu teu aya > gunana. Atawa ceuk Akang aya gunana, naha keur naon atuh disunat?? gusaeni : Ieu ukur prasangka anu teu kabuktikeun sacara Ilmiah. Fakta eta teu tiasa ngabuktikeun yen manusa berevolusi, sabab hal-hal eta bisa wae geus aya ti saprak manusa diciptakeun. Bukti evolusi nu kuat sacara ilmiah tina fosil manusa, masih keneh diantos bukti fosil manusa hasil evolusi. > >> gusaeni : >> Supados Ilmiah, mangga diantos buktos pasesaan manusa anu langkung ti >> 3,6 juta taun. Anu tos kapendak ku para Ilmuwan. waluya : > Hih ...eta sugan Akang aya buku kitu nu ngareferensina. Nu 3,6 juta taun > ukur dugaan Kang, da ngan saukur tapak suku!. gusaeni : Keur ngabuktoskeun umur fosil/benda purba para Ilmuwan nganggo sistem waktu paruh radio aktif anu tos kabuktosan sacara Ilmiah, janten angka 3,6 juta sanes rekaan kang. waluya : >Pananya kuring acan dijawab, > ari hirup manusa nu jutaan taun teh, urutna mana nya? gusaeni : Ieu kedahna dijawab ku para darwinis. mangga diantos penjelasanna. > Baktos, > WALUYA wasalam -gusaeni-

