Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina basa/budaya sunda
Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep estetika sunda tea: Rupa Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna). Cara rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun bentuk jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna teh mangrupa satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu. Sabab unggal objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang atawa objek nu aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna wungkul, tapi oge aya warnaan. Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab patali jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, cara rupana kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg eh pangadegna. Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si kuring nu keur rada lieur, mangga prung nuhun

