Mj, Ngiring mairan. Kecap "rupa" teh lian ti anu ditataan ku Mj oge panambih ti apih Siddik, osok kapanggih oge pikeun nuduhkeun "jenis" atawa "golongan" jsb sakumaha dihandap ieu. Manawi meneran kitu oge.
1. Rupa = Golongan atawa Jenis Dina Kinanti "Budak Leutik Bisa Ngapung" tea geuningan, kapanggih: ................................ Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bubuahan Naon wae nu kapanggih Tapi sigana geus kawengku ku harti "wangun" (bentuk) jeung "warna" nya dina harti "golongan" mah (ngagolongkeun bubuahan teh peda aya wangun jeung warnana alias rupana). 2. Rupa = kamungkinan, sigana "Rupina" abdi moal tiasa ngiring (rupina di dieu asana UUBS tina "rupana") 3. Rupa = wilangan "Rupa-rupa kamonesan barudak SD dipintonkeun dina acara agustusan" "Sagala rupa kahayangna geus kahontal" Sakitu heula. Wilujeng nalungtik. manar . 2010/3/9 mang jamal <[email protected]> > > > Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka > magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina > basa/budaya sunda > > Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep > estetika sunda tea: > > Rupa > > Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna). > Cara rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. > > Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun > bentuk jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna > teh mangrupa satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu. > Sabab unggal objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang > atawa > objek nu aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna wungkul, tapi > oge aya warnaan. > > Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab > patali jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, > cara rupana kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg > eh pangadegna. > > Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si > kuring nu keur rada lieur, mangga prung > > nuhun > >

