Nuhun pisan kang. Keren, euy.

Dikukumpul tos kenging harti rupa dina budaya sunda:

 

Kelir/warna

Wangun (bentuk form)

Dedeg pangadeg, babasan "hade rupa hade pake"

Golongan/jinis "sarupaning bubuahan", 

Bilangan, "rupa-rupa kamonesan", "rupa-rupa perkara"

Sigana/kemungkinan. :"rupina abdi moal tiasa"

 

Hatur tenk you. Mangga kanu garaduh peperenian deui ketrukeun tong asa-asa
:-)

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of oman abdurahman
Sent: Tuesday, March 09, 2010 2:26 PM
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

 



Mj,

Ngiring mairan. Kecap "rupa" teh lian ti anu ditataan ku Mj oge panambih ti
apih Siddik, osok kapanggih oge pikeun nuduhkeun "jenis" atawa "golongan"
jsb sakumaha dihandap ieu. Manawi meneran kitu oge.

1. Rupa = Golongan atawa Jenis

Dina Kinanti "Budak Leutik Bisa Ngapung" tea geuningan, kapanggih: 
................................
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih

Tapi sigana geus kawengku ku harti "wangun" (bentuk) jeung "warna" nya dina
harti "golongan" mah (ngagolongkeun bubuahan teh peda aya wangun jeung
warnana alias rupana).

2. Rupa = kamungkinan, sigana

"Rupina" abdi moal tiasa ngiring (rupina di dieu asana UUBS tina "rupana")

3. Rupa = wilangan

"Rupa-rupa kamonesan barudak SD dipintonkeun dina acara agustusan"
"Sagala rupa kahayangna geus kahontal"


Sakitu heula. Wilujeng nalungtik.

manar 

.

2010/3/9 mang jamal <[email protected]>

  

Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka
magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina
basa/budaya sunda

Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep
estetika sunda tea:

Rupa

Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna).
Cara rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. 

Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun
bentuk jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna
teh mangrupa satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu.
Sabab unggal objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang
atawa objek nu aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna
wungkul, tapi oge aya warnaan. 

Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab patali
jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, cara
rupana kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg eh
pangadegna.

Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si
kuring nu keur rada lieur, mangga prung

nuhun 









Kirim email ke