hehehe, aturan aya, ngan sigana teu distandarisasi. Sok atuh ku kang Dud 
mimitian. Hahahahaha

--- On Mon, 3/15/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote:

From: m>Dudi Herlianto <[email protected]
Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
To: [email protected]
Date: Monday, March 15, 2010, 11:35 AM







 



  


    
      
      
      urang teraskeun, nya kang gagak...

upama nitenan conto nu diserat ku kang gagak, sami teu nya parasaan simkuring 
sareng akang, yen dina basa sunda urang hese nyieun hiji rumusan tatabasa. 
misalkeun iraha urang ngaganti sora engang tungtung ku -os, -nten, -jeng, 
-ntun, atawa -wis?


misalkeun -os, tina conto nu tiasa digenti sora engang tungtung -ta jeung -sa. 
tapi rarasaan kuring mah teu sadaya nu tungtungna -sa bisa digenti ku -os, 
contona jasa teu acan kungsi kakuping jadi jaos. (atawa jasa mah basa asing 
kitu?)


terasna ku ayana kahesean model kitu, kuring mah ngarasa (keukeuh masih keneh 
make rasa) basa sunda mah sangeunahna (??)

2010/3/15 Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>

mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk euy, 
ke we nya narosna, mun inget heuheu


sakali deui mantap kang..

:)

2010/3/13 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>
















 



  


    
      
      
      
Hapunten bade nambihan sakedik. 
Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes Basa 
Sunda" 
Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning : a. 
suplisi b. parobahan jero (internal modification) . 
Suplisi nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna 
nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna. 
Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste 
Parobahan jero nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem 
atawa engang dina jero eta kecap sorangan. 
Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara : 
a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna : 
1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang 


2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag 
3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami 
4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang

b.ngarobah engang panungtung : 
1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos 
2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng 
3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapunten 
4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun 
5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis 
Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun 
 
Baktos Abdi 
Gagak Hideung
_,___






  









-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke