Jadi kaingetan,,dina naskah Sunda kuno mah rupa teh 'rua' 

goce rua goce twahna hartina goreng rupana goreng oge paripolahna

nu matak kecap sarua teh lain kecap asal sabenerna mah, tapi kecap rundayan. 
Asal kecapna 'rua' make rarangken awal sa-

Kecap rupa mah asana can manggihan tina naskah sunda kuno mah. Jigana kecap 
rupa serepan tina basa naon mah,,tina Malayu kitu. atawa parobahan tina rua --> 
rupa (nambahan sora pa)..

Salam
Aditea
--- On Tue, 3/9/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> wrote:

From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: kisu...@yahoogroups.com
Date: Tuesday, March 9, 2010, 2:26 PM







 



  


    
      
      
      Mj,

Ngiring mairan. Kecap "rupa" teh lian ti anu ditataan ku Mj oge panambih ti 
apih Siddik,
osok kapanggih oge pikeun nuduhkeun "jenis" atawa "golongan" jsb sakumaha 
dihandap ieu. Manawi meneran kitu oge.

1. Rupa = Golongan atawa Jenis

Dina Kinanti "Budak Leutik Bisa Ngapung" tea geuningan, kapanggih: 

............ ......... ......... ..
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih

Tapi sigana geus kawengku ku harti "wangun" (bentuk) jeung "warna" nya dina 
harti "golongan" mah (ngagolongkeun bubuahan teh peda aya wangun jeung warnana 
alias rupana).


2. Rupa = kamungkinan, sigana

"Rupina" abdi moal tiasa ngiring (rupina di dieu asana UUBS tina "rupana")

3. Rupa = wilangan

"Rupa-rupa kamonesan barudak SD dipintonkeun dina acara agustusan"

"Sagala rupa kahayangna geus kahontal"


Sakitu heula. Wilujeng nalungtik.

manar 

.

2010/3/9 mang jamal <ja...@itenas. ac.id>
















 



  


    
      
      
      





Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka 
magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina 
basa/budaya sunda


Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep 
estetika sunda tea:


Rupa

Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna). Cara 
rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. 


Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun bentuk 
jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna teh mangrupa 
satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu. Sabab unggal 
objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang atawa objek nu 
aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna wungkul, tapi oge aya 
warnaan. 


Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab patali 
jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, cara rupana 
kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg eh pangadegna.


Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si kuring 
nu keur rada lieur, mangga prung

nuhun 





    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke