mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk
euy, ke we nya narosna, mun inget heuheu

sakali deui mantap kang..

:)

2010/3/13 Gagak Bandung <gagak...@yahoo.com>

>
>
> Hapunten bade nambihan sakedik.
>
> Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes
> Basa Sunda"
>
> Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning :
> a. suplisi b. parobahan jero (internal modification).
>
> Suplisi
> nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna
> nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna.
>
> Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste
>
> Parobahan jero
> nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa engang
> dina jero eta kecap sorangan.
>
> Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :
>
> a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :
>
> 1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang
>
> 2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag
>
> 3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami
>
> 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang
>
> b.ngarobah engang panungtung :
>
> 1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos
>
> 2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng
>
> 3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapu
> nten
>
> 4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun
>
> 5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis
>
> Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun
>
>
>
> Baktos Abdi
>
> Gagak Hideung
>
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke