Nu ieu oge hebring. Jadi mendak tah kecap SARUA teh timana asalna. Sihoreng
ti RUA nya. Ti naskah naon kang? Urang sebatkeun sumberna sangkan jentre.

 

Dina Sanghyang Siksakandang Karesian, aya kecap LUKIS. Pikeun tukang
ngalukis.

 

Sacara bahasa, sakolaan si kuring merekna Fakultas Seni Rupa dan Desain.
Tapi kekecapan rupa ngan dipake pikeun ngaran eta wungkul. Sigana bahasa
konsep, nu ngandung harti lega dibanding bentuk.

 

Nuhun kang AGun

 

lanjut

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of A Gunawan
Sent: Tuesday, March 09, 2010 3:26 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

 







Jadi kaingetan,,dina naskah Sunda kuno mah rupa teh 'rua' 

goce rua goce twahna hartina goreng rupana goreng oge paripolahna

nu matak kecap sarua teh lain kecap asal sabenerna mah, tapi kecap rundayan.
Asal kecapna 'rua' make rarangken awal sa-

Kecap rupa mah asana can manggihan tina naskah sunda kuno mah. Jigana kecap
rupa serepan tina basa naon mah,,tina Malayu kitu. atawa parobahan tina rua
--> rupa (nambahan sora pa)..

Salam
Aditea
--- On Tue, 3/9/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:


From: oman abdurahman <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Date: Tuesday, March 9, 2010, 2:26 PM

  

Mj,

Ngiring mairan. Kecap "rupa" teh lian ti anu ditataan ku Mj oge panambih ti
apih Siddik, osok kapanggih oge pikeun nuduhkeun "jenis" atawa "golongan"
jsb sakumaha dihandap ieu. Manawi meneran kitu oge.

1. Rupa = Golongan atawa Jenis

Dina Kinanti "Budak Leutik Bisa Ngapung" tea geuningan, kapanggih: 
............ ......... ......... ..
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih

Tapi sigana geus kawengku ku harti "wangun" (bentuk) jeung "warna" nya dina
harti "golongan" mah (ngagolongkeun bubuahan teh peda aya wangun jeung
warnana alias rupana).

2. Rupa = kamungkinan, sigana

"Rupina" abdi moal tiasa ngiring (rupina di dieu asana UUBS tina "rupana")

3. Rupa = wilangan

"Rupa-rupa kamonesan barudak SD dipintonkeun dina acara agustusan"
"Sagala rupa kahayangna geus kahontal"


Sakitu heula. Wilujeng nalungtik.

manar 

.

2010/3/9 mang jamal <ja...@itenas. ac.id>

  

Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka
magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina
basa/budaya sunda

Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep
estetika sunda tea:

Rupa

Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna).
Cara rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. 

Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun
bentuk jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna
teh mangrupa satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu.
Sabab unggal objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang
atawa objek nu aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna
wungkul, tapi oge aya warnaan. 

Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab patali
jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, cara
rupana kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg eh
pangadegna.

Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si
kuring nu keur rada lieur, mangga prung

nuhun 

 









Kirim email ke