Hapunten bade nambihan sakedik. 
Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes Basa 
Sunda" 
Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning : a. 
suplisi b. parobahan jero (internal modification). Suplisi
Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste Parobahan jero
Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara : 
a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna : 
1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang 
2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag 
3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami 
4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang

b.ngarobah engang panungtung : 
1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos 
2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng 
3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapunten 
4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun 
5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis 
Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun 
 
Baktos Abdi 
Gagak Hideung nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem 
atawa engang dina jero eta kecap sorangan.  nya eta proses robahna kecap ku 
cara ngaganti wangun dasar sagemblengna nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar 
anu beda tina wangun dasarna. 




________________________________
Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 12 Maret, 2010 01:43:48
Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

  
hehe.. nya meureun mun cek mandahong sunda mah, ki rektor teh nganggo basa 
sunda kampung... :)
kang ganjar teh anggota milis ieu oge sanes?


2010/3/11 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com>

  
>asin ah .... atuh da rektor unpad oge tos biasa nyebat kekecapan eta teh  .... 
>sumuhun ... agami, kulawargi, pribados .... he he he ... punten ah bade 
>dibaledogkeun ka kang Oman .....
>
>
>
>
>
>
________________________________
From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
>To: kisu...@yahoogroups .com
>Sent: Thu, March 11, 2010 12:20:56 PM
>Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
>
>
>  
>kang didin, upami ngarautan (ngalemesan) basa ku ngaganti sora tungtung ku -i 
>atawa -os kalebet kana salahkaprah oge henteu? jiga dina agami, kulawargi, 
>atawa pribados. sabab kuring gaduh rerencangan nu digebes ku salasaurang 
>mandahong sunda, cenah nu kitu teh basa lemes kampung :))
>
>..
>
>
>2010/3/9 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com>
>
>  
>>Hatur punten, ngiring mairan.
>>Kecap "rupi" dina kalimah : "Rupina abdi mah moal tiasa dongkap", bawiraos 
>>mangrupi kecap nu salah kaprah tina kecap "kawasna". Kecap "kawasna" dianggap 
>>kecap loma, nya terus di-hormatkeun jadi "rupina". Ieu teh samodel salah 
>>kaprahna kecap hormat "pajeng" tina kecap loma payung. "NYandak pajeng Neng, 
>>bilih hujan !" - eta teh salah kaprah, payung mah payung bae, da pajeng mah 
>>kecap hormat tina pay : "Sabaraha pajengna mang, motor teh ?"
>>Ari kecap "siga" dina kalimah : "Sigana uing mah moal bisa datang" mangrupa 
>>kecap nu salah larap, da siga mah nuduhkeun rupa dina harti "wujud" .... 
>>"Alus rupa, hade pake, sihoreng mah ......" Alus rupa = alus wujudna = 
>>geulis/kasep/ tegep. "Naha geuning teu siga bapana, budak teh ?"
>>Kecap rupa dina kalimah : "Aya hiji rupa kembang, raranggeuyan tapi leutik 
>>......" nuduhkeuh hartina "warna" : beureum, bodas, koneng jste.
>>Behna mah rupa-rupa geuning kahayang jalma teh. Kecap rupa di dinya hartina 
>>..... jinis/model.
>>Cing nyeueung Jang, aya sabaraha rupa barang kiriman lanceuk maneh teh ! 
>>............ ..
>>
>>Sakitu we ... ngiring bingah ka anu nuju nyusun disertasi, mugia sing lancar 
>>sagala rupina, amin.
>>
>>_,___
>_,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




      Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari 
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 
http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke