Wah hatur nuhun apih. Jaba dibonusan paribasa nu nuju dikorehan, hanjakal
bukuna kakantun di blackwater.

Nuju nyerat konsep estetika tina babasan jeung paribasa sunda. Tos mendak
sapalih. 

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Siddik Wiradireja
Sent: Tuesday, March 09, 2010 10:10 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

 







Leres kitu mang J
Rupa = kelir,  oge
Rupa = bentuk/dedeg pangadeg,  pleusna..
Rupa oge dianggo keur meunteun kageulisan/kakasepan hiji jalema, siga dina
kecap
"Alus rupa hade pake" = keur geulis/kasep teh bisa make pakean.
"Geulis/kasep euyy ari rupana mah"....


pihatur 
ssw.
http://cikundul3.multiply.com <http://cikundul3.multiply.com/>  

Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda

Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda



mang jamal <[email protected]>

  

Kamari teh rek nanya ka kang Ajip Rosidi, tapi beliau kaburu mulang ka
magelang. Jaba soalna oge ingetna teh geus balik. Soal kecap rupa dina
basa/budaya sunda

Cik pangnambahan atawa benerkeun. Keur pakepuk ku cicing, neangan konsep
estetika sunda tea:

Rupa

Dina basa Sunda, kecap RUPA sering dipake pikeun bentuk oge kelir (warna).
Cara rupana hideung, warnanya hitam. Rupana buleud, bentukna buleud. 

Conto kalimah eta nunjukkeun yen dina budaya sunda, rupa dipake pikeun
bentuk jeung warna. Hartina, dina budaya visual sunda, bentuk jeung warna
teh mangrupa satu kasatuan atawa hiji entitas. Sacara kanyataan memang kitu.
Sabab unggal objek atawa barang, geus pasti aya kelir atawa warnana. Barang
atawa objek nu aya di dunya ieu masing-masing teu ngan ukur bentukna
wungkul, tapi oge aya warnaan. 

Nu ditanya soal rupa oge, bisa langsung ngarti maksud nu nanya, sabab patali
jeung konteks kalimat atawa nu dituju. Nya ari ngeunaan manusa mah, cara
rupana kumaha? Meureun siga saha, siga kumaha rarayna oge dedeg suradeg eh
pangadegna.

Tah, enya henteu eta nu di luhur? Ka baraya nu nyalse, hayang mantuan si
kuring nu keur rada lieur, mangga prung

nuhun 









Kirim email ke