urang teraskeun, nya kang gagak...

upama nitenan conto nu diserat ku kang gagak, sami teu nya parasaan
simkuring sareng akang, yen dina basa sunda urang hese nyieun hiji rumusan
tatabasa. misalkeun iraha urang ngaganti sora engang tungtung ku -os, -nten,
-jeng, -ntun, atawa -wis?

misalkeun -os, tina conto nu tiasa digenti sora engang tungtung -ta jeung
-sa. tapi rarasaan kuring mah teu sadaya nu tungtungna -sa bisa digenti ku
-os, contona jasa teu acan kungsi kakuping jadi jaos. (atawa jasa mah basa
asing kitu?)

terasna ku ayana kahesean model kitu, kuring mah ngarasa (keukeuh masih
keneh make rasa) basa sunda mah sangeunahna (??)

2010/3/15 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

> mantap kang gagak, aya sababara hal nu can kaharti, ngan ayeuna nuju sibuk
> euy, ke we nya narosna, mun inget heuheu
>
> sakali deui mantap kang..
>
> :)
>
> 2010/3/13 Gagak Bandung <gagak...@yahoo.com>
>
>>
>>
>> Hapunten bade nambihan sakedik.
>>
>> Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes
>> Basa Sunda"
>>
>> Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning
>> : a. suplisi b. parobahan jero (internal modification).
>>
>> Suplisi
>> nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna
>> nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna.
>>
>> Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste
>>
>> Parobahan jero
>> nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa
>> engang dina jero eta kecap sorangan.
>>
>> Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :
>>
>> a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :
>>
>> 1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang
>>
>> 2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag
>>
>> 3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami
>>
>> 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang
>>
>> b.ngarobah engang panungtung :
>>
>> 1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos
>>
>> 2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng
>>
>> 3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapu
>> nten
>>
>> 4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun
>>
>> 5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis
>>
>> Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun
>>
>>
>>
>> Baktos Abdi
>>
>> Gagak Hideung
>>
>> _,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke