RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Bah Aa di Balikpapan, Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor, nya mun teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di bogor. Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda. Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes. tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali, antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa. Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan. Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran + galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui. Mangga kanu langkung paos teraskeun mj _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Tuesday, July 20, 2010 2:51 PM To: kisunda; urangsunda Subject: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
[Urang Sunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi
Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos, oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah. Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak. Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah, tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh). Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak. Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang careuh teh ku babasan fermentasi. Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak tea tina antara - punten deui wae - podol careuh. Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur, upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu, nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang careuh jeung careuh piaraanana, mesin hirup kopi luwak tea. Geus kitu mah dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe. Wilujeng miara careuh sareng melak kopi. manar
[Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi
saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh. haha lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna. *piritan = jeroan lauk 2010/7/20 oman abdurahman omana...@gmail.com Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos, oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah. Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak. Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah, tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh). Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak. Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang careuh teh ku babasan fermentasi. Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak tea tina antara - punten deui wae - podol careuh. Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur, upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu, nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang careuh jeung careuh piaraanana, mesin hirup kopi luwak tea. Geus kitu mah dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe. Wilujeng miara careuh sareng melak kopi. manar _,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
[Urang Sunda] 3 Cara Terbaik Menikmati Bandung Sambil Jalan Kaki
Jalan kaki bagus buat kesehatan. Untuk beberapa orang jalan kaki malah bisa jadi obat stres. Sebagai kota yang tidak memperhatikan kebutuhan para pejalan kaki, Bandung punya beberapa lokasi yang masih cukup nyaman buat para pejalan kaki. Yah, sedikit perjuangan lah jalan kakinya. Sedikit naik turun atau kesenggol motor. Sambil loncat juga bisa, menyebrangi bolongan-bolongan trotoar. Namanya juga di parit van java, bukan di Paris. hehehe. Ini dia beberapa kawasan yang masih cukup nyaman untuk berjalan kaki. Sambil jalan kaki, sambil lihat-lihat pemandangan. 1. Ke pusat kota 'tua' Bandung. Ada di jl. Asia Afrika dan Braga. Dengan berjalan kaki di sekitar kawasan ini, kita bisa lihat bangunan-bangunan tua nan bersejarah. Beberapa masih dalam kondisi yang bagus, sementara yang lainnya ada yang kotor tak terawat. Nantinya gak hanya lihat-lihat aja, kunjungi juga beberapa tempat disana. Misalnya museum Konperensi Asia Afrika, Sumur Bandung di Gedung PLN, menyantap es krim di Sumber Hidangan, dan serentetan aktivitas lainnya. 2. Kawasan Pasar Baru Paling enak jalan kaki di Kawasan pecinan lama-nya Bandung ini di pagi hari. Masih segar dan suasananya belum hiruk pikuk. Kawasan ini adalah arena belanja banyak orang, ada Pasar Baru yang menjual semua barang dengan harga miring edun, ada pula geng penjual bahan Jeans meteran yang murah. Lalu ada yang jual bahan makanan, obat-obat herbal, dan peralatan dapur. Super lengkap. Sambil jalan-jalan bisa sambil hunting barang atau sekedar lihat-lihat juga masih menyenangkan kok. Nanti kalau jalan-jalan disini mampir deh ke satu tempat makan, jualannya Cakue bubur Cina. Namanya Toko Cakue dan Bapia Lie Tjay Ta dan cuma buka sampai pukul 11 siang. Baca tulisan selengkapnya disini atau masuk ke www.mahanagari.com. Baca juga ya tulisan seputar Bandung lainnya berikut ini : Santapan Siang yang Nikmat di Braga Permai Bersantai Sejenak di Masjid Raya CipagantiPagi-pagi (dan sore-sore) Enaknya Makan Kue Balok Jalan-jalan ke Situs Megalitikum Gunung Padang Menyusuri Sungai yang Membelah Asia Afrika 4 Trip Bersepeda di Bandung 3 Cara Terbaik Menikmati Bandung Sambil Jalan Kaki Desain Mahanagari : Siapa sesungguhnya yang membangun Gedung Sate? Desain Mahanagari : Kebanyakan Jajan Makanan di Bandung Desain Mahanagari : Rama and Shinta : everlasting love story Mahanagari - Bandung Pisan http://www.mahanagari.com http://mahanagari.multiply.com Showroom: @ Cihampelas Walk - Bandung
RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Tue, 20/7/10, mj ja...@itenas.ac.id wrote: From: mj ja...@itenas.ac.id Subject: RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Tuesday, 20 July, 2010, 15:42 Bah Aa di Balikpapan, Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor , nya mun teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di bogor . Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda. Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes. tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali, antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa. Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan. Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran + galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui. Mangga kanu langkung paos teraskeun mj From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Tuesday, July 20, 2010 2:51 PM To: kisunda; urangsunda Subject: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Puntennn..postingan tipayun mung cangkangteu acan oge ka ketik tos luncat...!! Numutkeun sajarah anu kantos dimuat dina majalah Intisari nomer 347 kaluaran sasih Juni 1992, buku Sajarah Nasional susunan Nugroho Nitisusanto cs., sareng Naskah Pangeran Wangsakerta ti Cirebon anu diserat abad ka 16, anu kantos dimuat dina media serat sabaraha taun kapengker. Numutkeun eta sumber : taun 130 masehi (aya nu nyebat oge taun 105 m) di Pandeglang, ngadeg karajaan SALAKANAGARA, diadegkeun ku : Dewawarman ngawasa taun 130 ~ 168, puseur dayeuhna : Salakaputra/Rajaputra, teu kacaturkeun raja-raja sanesna, mung narpati pangakhirna, Ratu Rani Spatikarnawa Warman Dewi, ngawasa 340 ~ 362 m. Runtuh karajaan Salakanagara, dina taun 358 ~ 669 m, di Bogor kaler ngadeg karajaan TARUMANAGARA, anu ngadegkeunana Raja Purana ngawasa ti taun 358 ~( teu kasebat) raja salajengna Purnawarwan ngawasa salami 20 taun (hilap deui taunna), teu kacaturkeun raja-raja salajengna, mung raja panungtung Linggawarman anu ngawasa taun 666 ~ 669m puseur dayeuhna : Sundapura. Samentawis eta di daerah Ciamis dina taun 526 ~ 602 ngadeg karajaan KENDAN diadegkeun ku Resiguru Manikmaya, anu ngawasa taun 526 ~ 568 m, raja sajalengan teu kasebat, raja panungtung Kandiawan Rajaresi Dewa Raja, ngawasa taun 597 ~ 602 m. Runtuh karajaan Kendan ngadeg karajaan GALUH ( 602 ~ 739 m.), diadegkeun ku Raja Wretikandagan/Wretikendayun anu ngawasa taun 602 ~ 702 m (100 taun ..?) teu kacaturkeun raja-raja salajengna, kasebat raja Galuh ka 8 : Sanjaya Harisdarma anu salajengna ngalih ka Jawa-tengah, ngadegkeun wangsa Sanjaya. Raja Galuh panungtung : Tamperan Brawijaya, ngawasa taun 702 ~ 739 m. Di daerah Bogor, saparantos karajaan TARUMANAGARA runtuh, ngadeg karajaan PAJAJARAN/PAKUAN PAJAJARAN ( 669 ~ 1482) diadegkeun ku Raja Turusbawa/Turusbaya (669 ~ 723), salajengna aya 34 raja anu ngawasa di Pajajaran, mung bae dina taun 1482 ieu karajaan gentos nami janten karajaan SUNDA dina jaman raja Sang Ratu Jayadewata anu ngawasa taun 1482 ~ 1521 m., kasebat raja panungtung karajaan Sunda Prabu Nusiya Mulya/Ragamulya Suryakancana anu ngawasa taun 1567~1579, salajengna karajaan Sunda runtuh. Wallahu alam, leres henteuna mah, punten wae ka para ahli atanapi nu langkung uninga panglereskeun, ieu mah etang-etang pangleketek we. Perkawis teureuh Pajajaran..?!, tangtos seueur upami teu balatak oge..!, margi raja-raja anu ngawasa di tatar Sunda malih mah anu ngawasa di tatar wetan seueur teureuh/seuweu-siwi ti karajaan Sunda anu sateucana Pajajaran, teras sateuacanna Tarumanagara kadituna Salakanagara. Cobi we : raja-raja di kasultanan Banten, Cirebon, teras wangsa Sanjaya di Jawa Tengah, dugi ka raja anu ngadegkeun Majapahit, sadaya seuweu-siwi karajaan ti tatar Sunda, teu acan raja-raja sanesna anu teu acan katalungtik. Mangga sakitu we, mugi katampi. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mj ja...@itenas.ac.id Bah Aa di Balikpapan, Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor , nya mun teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di bogor . Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda. Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes. tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali, antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa. Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan. Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran + galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui. Mangga kanu langkung paos teraskeun mj From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of Abbas Amin Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
[Urang Sunda] jarong
[image: 35384_420338567375_649487375_4545061_5726220_n.jpg] jarong. keur leutik, di lembur teu aya pamisah kaulinan keur barudak lalaki jeung awewe. dina ayana ge, teu pati jelas. budak lalaki prah we tara ieuh digurah-geureuh atawa digeuhgeuykeun upama ulin bekles, engkle, sapintrong atawa anyang-anyangan (anjang-anjangan?). tah lamun keur anyang-anyangan, sok aya bagean dadaganganna, nu jadi duitna nya daun jaron ieu. beuki gede daun jarong, beuki gede nominal duduitanna. ngan harita mah teu pati neungeutan geuning warna kembang jarong teh biruna endah pisan, ngondang lensa kamera keur ngaabadikeun. -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
[Urang Sunda] tabuh dalapan
[image: 37564_420354402375_649487375_4545467_5565851_n.jpg] tabuh dalapan kunaha diaranan kembang tabuh dalapan kuring teu pati apal. bisa jadi ieu kembang ligarna memang unggal jam dalapan. kembang ieu kembang jarah, sanes pelak, tapi endahna teu eleh jeung kembang-kembang hias nu sok dijarualan. komo lamun ningali di alam aslina mah. http://www.facebook.com/?ref=home#!/photo.php?pid=4545467id=649487375 -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
[Urang Sunda] pungpurutan
[image: 37655_420358177375_649487375_4545528_3445529_n.jpg] pungpurutan keur budak, lamun keur meujeuhna lengger, heureuy jeung babaturan teh sok make buah pungpurutan ieu. pungpurutan teh digasahkeun/digelangkeun kana buuk batur. buahna nu leutik, teu geseh gede jeung pedes, teh kulitna cucukan, lamun seug digelangkeun kana buuk nu meujeuh panjangna bakal napel. beuki loba pungpurutanna, beuki lila ngagelangna, beuki hese pungpurutan dilaan tina buuk. sakapeung mah, budak nu ceehan mah bakal ngawiwiw ceurik, laju istori ka indungna. ngan resepna keur budak, ngambekna ukur saharita, isukanna mah der deui we kikituan deui. -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi
bilih bade pesen kopi luwak asli, tapi kopina kopi aceh. di si kuring aya! Pangaos, tiasa nego saalit lah... hehehe... Baktos tantan 2010/7/20 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh. haha lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna. *piritan = jeroan lauk 2010/7/20 oman abdurahman omana...@gmail.com Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos, oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah. Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak. Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah, tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh). Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak. Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang careuh teh ku babasan fermentasi. Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak tea tina antara - punten deui wae - podol careuh. Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur, upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu, nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang careuh jeung careuh piaraanana, mesin hirup kopi luwak tea. Geus kitu mah dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe. Wilujeng miara careuh sareng melak kopi. manar _,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk -- tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan I Bogor
Re: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Alhamdulillah, mj, nuhun ka na waleranana; tuda sok panasaran, sering pisan disubat sabit ayana Nagara Pajajaran, tapi teu jelas wates2na ? Hehehehe, sakali deui nuhun pisan. Urang teh poekeun pisan geuning nya ? Kantenan Majapahit mah, teu jelas pisan. Cek urang BONE teh, naha cenah da urang mah asa euweuh tulisan ngeunaan Majapait pernah ka dieu ? Naha nyebutkeun yen Majapait ngawasa Nusantara ? ti iraha cenah ? Hahahaha.punten rasa nyolowedor... --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj ja...@... wrote: Bah Aa di Balikpapan, Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor, nya mun teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di bogor. Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda. Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes. tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali, antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa. Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan. Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran + galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui. Mangga kanu langkung paos teraskeun mj _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Tuesday, July 20, 2010 2:51 PM To: kisunda; urangsunda Subject: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
Re: [Urang Sunda] jarong
Kaalaman ku kuring oge Kang. Jarong teh enya sok dijadikeun duiduitan. Ngan mun daun jarongna galalede sok bingung mulangananna. Nya di teukteuk we jadi 2. Hahahh 2010/7/20, Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com: [image: 35384_420338567375_649487375_4545061_5726220_n.jpg] jarong. keur leutik, di lembur teu aya pamisah kaulinan keur barudak lalaki jeung awewe. dina ayana ge, teu pati jelas. budak lalaki prah we tara ieuh digurah-geureuh atawa digeuhgeuykeun upama ulin bekles, engkle, sapintrong atawa anyang-anyangan (anjang-anjangan?). tah lamun keur anyang-anyangan, sok aya bagean dadaganganna, nu jadi duitna nya daun jaron ieu. beuki gede daun jarong, beuki gede nominal duduitanna. ngan harita mah teu pati neungeutan geuning warna kembang jarong teh biruna endah pisan, ngondang lensa kamera keur ngaabadikeun. -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
Re: [Urang Sunda] pungpurutan
di kuring mah ngarana Pungpulutan da. Enya inget sok di tempelkeun dina buuk si Dodo keur ESDE teh, da buukna galing. Manehna sok ceurik tuluy bebeja ka indungna, majarkeun di heureuyan ku babaturan cenah. Heheh..eta si Dodo ayeuna cenah geus boga budak 2, padahal bahuelamah sok dipoyokan buukna rintit. Hahhah..kang Dodo budak mang Ukar jeung Ceu Onah. Budak nu panggedena geus kelas 6 SD cenah ceuk indung uing mah. Da geus lila pisan teu panggih ti saprak lulus SMP baheula taun 2000. 2010/7/20, Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com: [image: 37655_420358177375_649487375_4545528_3445529_n.jpg] pungpurutan keur budak, lamun keur meujeuhna lengger, heureuy jeung babaturan teh sok make buah pungpurutan ieu. pungpurutan teh digasahkeun/digelangkeun kana buuk batur. buahna nu leutik, teu geseh gede jeung pedes, teh kulitna cucukan, lamun seug digelangkeun kana buuk nu meujeuh panjangna bakal napel. beuki loba pungpurutanna, beuki lila ngagelangna, beuki hese pungpurutan dilaan tina buuk. sakapeung mah, budak nu ceehan mah bakal ngawiwiw ceurik, laju istori ka indungna. ngan resepna keur budak, ngambekna ukur saharita, isukanna mah der deui we kikituan deui. -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
Re: [Urang Sunda] Aden-aden
di lembur kuring mah aden-aden teh maung kajajaden, nya sabangsaning jurig. wujud sejenna nini-nini nu teu boga untap sok ngengelek boboko buntung. cek cenah, upama urang panggih jeung eta nini-nini, penta we bobokona sabab bisa dijadikeun jimat. poho deui naha jimat keur ngaleungit atawa hiber... ari kuringna mah cang kungsi panggih 2010/7/21 Nana Suwargana nanaca...@yahoo.co.id Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah, ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah manggihan aden-aden. Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina. Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon sejenge aya? sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun hatur nuhun Nana Suwargana urang majalengka cicing di bekasi __ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
RE: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Salah sawios buku sajarah sunda, aya Sejarah Jawa Barat, Yuganing Rajakawasa kenging Yoseph Iskandar (pedalan pt geger sunten, ayeuna dicitak ulang deui, pangaosna asana mah 40 rebuan). Perkawis KENDAN, asana teu acan dugi ka Ciamis, tapi cenah di sabudeureun Nagreg ayeuna. Sigana dina raraga ngumbara ti kulon (ti Taruma), nya ngadegkeun lembur-nagara (karajaan), Kendan tea, teras turunan raja Kendan ngetan deui. Nu cikal, Wretikandayun ngadegkeun lembur (nagara) di-nu-ayeuna-katelah-situs Karangkamulyan Bojong Ciamis. mangga kanu langkung paos, teraskeun. Sangkan atra pikeun sadayana. Samentawis eta di daerah Ciamis dina taun 526 ~ 602 ngadeg karajaan KENDAN diadegkeun ku Resiguru Manikmaya, anu ngawasa taun 526 ~ 568 m, raja sajalengan teu kasebat, raja panungtung Kandiawan Rajaresi Dewa Raja, ngawasa taun 597 ~ 602 m. Runtuh karajaan Kendan ngadeg karajaan GALUH ( 602 ~ 739 m.), diadegkeun ku Raja Wretikandagan/Wretikendayun anu ngawasa taun 602 ~ 702 m (100 taun ..?) teu kacaturkeun raja-raja salajengna, kasebat raja Galuh ka 8 : Sanjaya Harisdarma anu salajengna ngalih ka Jawa-tengah, ngadegkeun wangsa Sanjaya. Raja Galuh panungtung : Tamperan Brawijaya, ngawasa taun 702 ~ 739 m. _
RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi
Enya mampang mempeung, mempeung keur hade harga, sok atuh kokolakeun bisnis na, ngan ulah harege-eun teuing dumeh keur alus der kabeh barisnis sarua, atuh jadi tikarosewad pating jarungkel, sing inget jaman cengkeh, cacing, lauk, LAT jrrd, apanan sakitu pada ngajuralit teupararuguh, ongkoh kadang geuning nu boga bisnis loba nu katipu ku tengkulak. Eta deuih mun teu kaburu kapatenkeun, heug dipaten ku nagara sejen, nya wayahna we neang inovasi, naha sugan bisa careuh diganti ku embe, ke dina meresihan kopina sakalian burulu na pod embe ditimbang saeutikmah, sugan mereun rasana leuwih merenah keur jalma kulon... J J 2010/7/20 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh. haha lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna. *piritan = jeroan lauk 2010/7/20 oman abdurahman omana...@gmail.com Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos, oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah. Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak. Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah, tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh). Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak. Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang careuh teh ku babasan fermentasi. Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak tea tina antara - punten deui wae - podol careuh. Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur, upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu, nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang careuh jeung careuh piaraanana, mesin hirup kopi luwak tea. Geus kitu mah dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe. Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.
RE: [Urang Sunda] buleng
Kang ari ieu dilembur/wewengkon mana? From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Dudi Herlianto Sent: 20 Juli 2010 16:14 To: Urangsunda; baraya_su...@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] buleng buleng.JPG buleng, ngaran wadah hideung nu ditanggung ku si bapa teh. eusina lauk emas hirup dagangiderkeuneun ka unggal lembur. dijieunna tina anyaman awi dilabur ku (jigana mah) aspal, sangkan cai teu rembes bocor. cek si bapa nu poho teu ditanya aranna, lauk nu di bawa make buleng ieu leuwih seger tinimbang lauk nu diwadahan kana kantong palastik ditiup gas. duka enya, duka ukur omongan tukang dagang. ngan basa si bapa harita ngaganti cai eusi buleng ditampian tukangeun imah, katingalina si lauk di jerona teh mijah hanteu limpeu. http://www.facebook.com/photo_search.php?oid=33768999 http://www.facebook.com/photo_search.php?oid=33768999view=user#!/photo .php?pid=4544525id=649487375 view=user#!/photo.php?pid=4544525id=649487375 -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk __ NOD32 5287 (20100717) Information __ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com image001.jpg
Re: [Urang Sunda] buleng
kang simkuring, ieu teh di banjarasih, kacamatan jatinunggal, sumedang. ngahaja disebatkeun lembur jeung kacamatanna bisi teu sarua jeung kacamatan sejen. pangalaman kuring basa sakola di kota sumedang, urang dinya, lelewek wado--harita mah jatinunggal masih ngagabung ka kacamatan wado-- sok pada ngageuhgeuykeun. aya sababara kecap nu kedal ti biwir urang wado tara kedengeeun ku urang kota. wilayah sejen nu sanasib jeung urang wado mun sakola di kota nyaeta congeang jeung buahdua. salian aya kecap nu teu galib di kota, tilu wilayah eta ge boga lentong nu beda jeung urang kota. ku kituna, naon nu ditaroskeun ku mang oman kamari (buleng vs. karamba) umum pisan. sabab, komo beda kaadipatian, dalah nu sarua adipatina ge nyebut hiji barang teh bisa ku dua kecap nu beda. hehe 2010/7/21 Simkuring alkarta_...@yahoo.co.id Kang ari ieu dilembur/wewengkon mana? *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On Behalf Of *Dudi Herlianto *Sent:* 20 Juli 2010 16:14 *To:* Urangsunda; baraya_su...@yahoogroups.com *Subject:* [Urang Sunda] buleng -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
Re: [Urang Sunda] nu kumaha impian/cita-cita Urang Sunda
Ceuk curing, memori kolektip US ayeuna teu jelas. Sabah ngalaman syndrom kekuasaan. Sakuduna US bias jade angry anu mandiri, anu teu gumantung ka nu diluhur, tur ngabogaan sumanget jang ngahadean diri, kulawarga, tour lingkungana. mun kudu disloganan: rang Sunday keur dunia! On Tuesday, July 20, 2010, MSasmita kuringm...@gmail.com wrote: Assalamualaikum Wr Wb. Majalah basa Sunda Cupumanik sasih Agustus 2010 teh nincak kana taun nu ka 8. Upami budak mah nembe naek ka kelas dua SD, teu acan asak jeujeuhan. Ieu mah etang-etang mapaykeun we. Kinten-kinten naon cita-cita kolektif urang Sunda teh? (atanapi nu kumaha nu disebat urang Sunda ideal teh). Mugi baraya sadayana kersa ngawaler ieu patarosan, sababaraha waleran bade dimuat dina Cupumanik kanggo ngeuyeuban pamendakna nara sumber nu diwawancara ku Cupumanik. Waleran teu kedah panjang cekap 10 atanapi 20 kecap mah. Hatur nuhun. Wassalam MSasmita Redaksi Cupumanik. -- tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan I Bogor Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * Your email settings: Individual Email | Traditional * To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) * To change settings via email: urangsunda-dig...@yahoogroups.com urangsunda-fullfeatu...@yahoogroups.com * To unsubscribe from this group, send an email to: urangsunda-unsubscr...@yahoogroups.com * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Trs: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
Mangga wae bah buka alamat iyeu : http://artshangkala.wordpress.com/2009/07/17/kerajaan-salakanagara/ Di dinya aya link-link keterangan karajaan2 anu aya di jawabarat, ti mimiti Karajaan Salakanagara, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Indraprahasta, Saunggalah (kuningan), Galunggung, Padjadjaran, Sumedang Larang, Banten. Sareng Tabel Pimpinan Kerajaan. Ngan sakedar ringkasan nana. Mugia tiasa ngajawab saetik. Haturnuhun --- Pada Sel, 20/7/10, Abbas Amin abas_ami...@yahoo.com menulis: Dari: Abbas Amin abas_ami...@yahoo.com Judul: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran... Kepada: kisunda kisu...@yahoogroups.com, urangsunda urangsunda@yahoogroups.com Tanggal: Selasa, 20 Juli, 2010, 12:50 AM Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran, dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ? Atanapi disebat we Jawa Barat ? Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
Re: [Urang Sunda] nu kumaha impian/cita-cita Urang Sunda
Urang sunda ceuk sikuring anu belegug, cita cita sunda teh bisa nanjeurkeun naon anu di papatahkeun ku sajarah menak Sunda, misalna ceuk urang Baduy ku konsep ngalestarikeun jeung ngamumule lingkungan kaasup leuweung. Tah urang sunda oge jiganamah kudu jiga Siliwangi anu bisa jadi conto peikeun seler sejen. Ah..bener kitu? 2010/7/21, MSasmita kuringm...@gmail.com: Assalamualaikum Wr Wb. Majalah basa Sunda Cupumanik sasih Agustus 2010 teh nincak kana taun nu ka 8. Upami budak mah nembe naek ka kelas dua SD, teu acan asak jeujeuhan. Ieu mah etang-etang mapaykeun we. Kinten-kinten naon cita-cita kolektif urang Sunda teh? (atanapi nu kumaha nu disebat urang Sunda ideal teh). Mugi baraya sadayana kersa ngawaler ieu patarosan, sababaraha waleran bade dimuat dina Cupumanik kanggo ngeuyeuban pamendakna nara sumber nu diwawancara ku Cupumanik. Waleran teu kedah panjang cekap 10 atanapi 20 kecap mah. Hatur nuhun. Wassalam MSasmita Redaksi Cupumanik.
Re: [Urang Sunda] Aden-aden
Ari ceuk sikuringmah aden aden teh Maung Kajajaden jeung Monyet kajajaden. Da enya sikuring pernah manggihan baheula keur rame, kira kira taun 2000-an. Sikuring panggih jeung maung di tengah jalan jeung bapa kuring, ari ceuk bapa uing teh eta teh maung siliwangi cenah. Tah basa keur rame monyet kajajden, sikuring pernah manggihan monyet bodas keur diuk dina tukangeun imah nini uing. ari ceuk nini uing teh cenah eta monyet sabenernamah jelema, tapi boga elmu bari jeung keur apes jadi teu bisa balik deui kana wujud asalna manusa. Jigana sikuring disingsieunan yeuh... 2010/7/21, Nana Suwargana nanaca...@yahoo.co.id: Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah, ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah manggihan aden-aden. Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina. Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon sejenge aya? sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun hatur nuhun Nana Suwargana urang majalengka cicing di bekasi