Didagoan hancana Kang Sp.
Ngke peuting di tipi nasional rek tayang sinetron seri "Raden Kian Santang", 
ngan teuing caritana make versi nu mana...duka versi Ki Nonggerak, versi Pantun 
Bogor, versi Gagak Lumayung atw versina Sang Ajengan ti lemburna Kang Sp



________________________________
 From: Sp Saprudin <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]>; wongbanten 
<[email protected]> 
Sent: Sunday, May 27, 2012 7:32 PM
Subject: [kisunda] CARITA MASYARAKAT UMUM
 

  
Basa kuring ngahadiran ondangan urang lembur anu nyunatan anakna, harita 
hajatna nanggap (caramah) Kiyai, anu ceuk beja ti urang lembur Kiyai kondang. 
Dina peutingna acara caramah, deur we Kiyai nuturkeun caramahna, dimimitian ku 
uluksalam jeung salawat Nabi nepi ngabejer beaskeun ngenaan Ibadah. Dina eusi 
caramah disisipkeun hiji riwayat anu geus teu birek deui di tengah masyarakat 
nyaeta Prabu Siliwangi. Ceuk Kiyai Prabu Siliwangi boga anak dua, hiji 
lalaki-lalaki anu hiji deui awewe. Anu lalaki ngarana Raden Kian Santang anu 
awewe ngarana Raden Lara Santang. Kian Santang nyimpi panggih jeung hiji 
Ajeungan anu eusi nyimpina si Kian Santang supaya asup Islam. Dina impiana 
ajeungan mere alamat nyaeta Cirebon. "Mun maneh hayang panggih jeung kuring, 
tepungan kuring di Cirebon" kitu ucapan eta Ajeungan dina jero impian Kian 
Santang. Kaisuknakeun, hudang sare Kian Santang laporan ka bapana Prabu 
Siliwangi, ceuk manehna "Bah uing peuting nyimpi panggih
 jeung hiji ajeungan, eta ajeungan nitahan uing Asup Islam, manehna mere 
pituduh sangkan uing indit ka Cirebon".  Meunang laporan ti anakna, Prabu 
Siliwangi nyerengeh seuri "Ih dari maneh, sugan teh laporan naon we, Jang ari 
nyimpi mah kembang sare ulah dijadikeun pikiran. Jaba eta ajeungan nitahan 
maneh indit ka Cirebon, rek naon coba? Boa-boa ajeungan eta boga cawene anu rek 
dikawinkeun ka maneh" ceuk Prabu Siliwangi nembalan aduan anakna rada heureuy 
saeutik. Meunang jawaban kitu ti kolotna, Kian Santang nembal "Ah bah, najan 
ngimpi, uing mah rek indit ka Cirebon, sugan mun panggih jeung eta Ajeungan 
uing bisa sakti manraguna". Ceuk Prabu Siliwangi "Atuh mun kitu pamadegan 
maneh, jig we tepungan eta ajeungan anu di jero impian, abah mah moal 
ngahalang-halangan kahayang maneh". Meunang idin ti kolotna, Kian Santang 
harita gura-giru beberes, nyokotan baju dina lomari pikeu salin disaupkeun kana 
koper jeung kadaharan pikeun bekel di jalan. Geus
 kitu pamitan ka kolotna "Bah uing rek mangkat, menta do'ana we, sangkan uing 
salamet di jalan". Prabu Siliwangi dina korsi kaagungan jung 
nangtung ngarangkul anakna bari nepok-nepok tonggong Kian Santang "Anaking 
Kiang Santang, jung geura indit, ku abah didoakeun. Mudah-mudahan maneh bisa 
tepung jeung eta ajeungan anu diimpikeun ka maneh, mun geus tepung gancang 
geura balik deui ka dieu".
Singket carita, Kian Santang panggih jeung ajeungan anu diimpikeun ku manehna, 
eta ajeungan teh ngarana Syekh Datuk Kahfi. Geus amprok jonghok Kian Santang 
jeung eta ajeungan. Saterusna dina kayaan kasadaranana Kian Santang asup 
Islam. Geus panggih jeng eta ajeungan, Kian Santang meunang tugas ti ajeungan 
sankan manehna indit ka Mekkah pikeun ngalaksanakeun rukun Islam anu ka lima 
(haji). Ceuk ajeungan "Kian Santang, pikeun nyampurnakeun ka Islaman maneh, 
mama rek mere tugas nyaeta maneh indit ka tanah suci nyaeta Mekkah pikeun 
ngalaksanakaneuk rukun Islam anu ka lima. Sangkan maneh tumaninah dina 
ngalaksanakeun ibadah haji, maneh kudu nepungan heula tokoh tanah Arab anu 
katelah jago jeung satira manraguna. Eta jelema henteu aya tandinganan di 
kolong dunya ieu, ngarana Saidina Ali. Tepungan eta Saidina Ali, menta 
ka manehna pituduh dina ngalaksanakeun ibadah haji. Maneh bisa tolab elmu ka 
manehna, sabab manehna teh gudangna elmu. Sok ayeuna bral geura
 indit ka tanah suci". Meunang tugas ti ajeungan, eta Kian Santang bingung, 
sabab kara ngadenge anu ngarana tanah suci nyaeta Mekkah, dimana ayana jeung 
naek naon lalampahanna. Pikeun neguhkeun panceun ieu, Kian Santang nanya ka 
ajeungan "Mama uing rada aheng/iheng menang tugas ieu, uing kara ngadenge anu 
ngarana Mekkah, eta aya dimana jeung kudu make naon uing ngajugjug eta tempat, 
naha numpak Sukhoi SJ 100?". Ceuk ajeungan ngajawab singket "Numpak naon wae, 
make daun cau oge mun bisa hibermah bisa nyampe ka tanah suci". Kian Santang 
rada mesem bari unggeuk, dina hatena ngagerentes "Mun kitu mah aing rek numpak 
nyiru we, da aing indit ti Pajajaran ka Kacirebon numpak nyiru".
Saterusna Kian Santang pamit ka ajeungan rek indit ka tanah suci "Mama uing 
pamit rek indit, saencana uing indit, naha mama gaduh nyiru?" Ceuk ajeungan 
"pikeun naon eta nyiru, piraku ka tanah suci Mekkah mawa-mawa nyiru, naha maneh 
rek napian beas? Nyiru mah aya tuh di dapur" ceuk ajeungan bari leungeunna 
nunjuk ka dapur imah. Geus kitu lur we Kian Santang ka dapur nyokot nyiru, geus 
menang nyiru manehna indit. Di buruan imah ajeungan Kian Santang nembrakkeun 
nyiru tuluy eta nyiru didiukan, teu lila eta nyiru teh ber we hibeur mawa Kian 
Santang ka tanah suci Mekkah tarik pisan 
"Siiuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuut" eta tarikna teu jauh jeung 
pasawat 700 km per jam.
 
Hanca euy.......leungeun geus teu kuat nyocoan Keyboard.
 
 
 
 

Kirim email ke