Tulisan ngangge basa Sunda dialek Banten Kidul (Basa Sunda Banten Kidul rada 
saeutik halus, batan basa Sunda Banten Kaler)
Mangga nyanggakeun :
 
Puguh bae Kian Santang hanteu ngarti kana omongan si Jalma, tapi si Jalma malah 
nyerengeh seuri terus ngomong ku basa sunda "Hmm mun kitu mah make basa sunda 
bae nyah, ambeh kumaneh ngarti" ceuk si Jalma ka Kian Santang. Ngadenge omongan 
si Jalma, gebeg Kian Santang rada molongo, hatena ngagerentes "Jurig! Sugan 
aing hanteu ngarti, geuning dia bisa basa aing!" laju Kian Santang nembalan 
"Hehe...dulur, tatadi ngomongna, hulu aing jadi mikir, sugan aing mah dia teu 
ngarti, geuning bisa ngomong basa aing he..he..he...." Meunang jawaban kitu ti 
Kian Santang si Jalma ngan ukur mesem  laju ngomong deui "Hmmm...aing sabenerna 
geus nyaho kana pamaksudan kumaneh. Ari kumaneh bener boga ngaran Kian Santang? 
ceuk si Jalma. Dijawab ku Kian Santang "Geus nyaho dia kana pamaksudan aing? 
Wah hebring geuning dia boga elmu tarawang, dia lain jalma samanea nyaho kana 
pamaksudan aing. Heueuh teu nyalahan ngaran aing Kian Santang anakna Prabu 
Siliwangi raja Pajajaran,
 ari dia sorangan saha ngaran?" ceuk Kian Santang ka si Jalma. Laju si Jalma 
ngajak Kian Santang ka imahna anu aya hareupeun pirunan seuneu "Supaya 
ngobrolna ngeunaheun, yu urang ngobrolna di imah" ceuk si Jalam ngajak asup ka 
jero imah. "Atuh hayu, tatadi aing hayang geura kokojoran, ieu bitis suku geus 
teu kuat paregel. Ari dia boga dahareun, ieu beuteung aing geus peurih hayang 
dahar, ti isuk beuteung aing can kaasupan kejo" ceuk Kian Santang beungeutna 
katenjo rada sepa nahan lapar.
Dijero imah geus sadia samak anu dijieun tina kulit domba anu 
ditengahna aya dahareun aya buah korma jeung roti gandum jeung ceret wadah cai 
dibaturan ku dua emuk gigireuna. Nempo kadaharan geus nembrak, Kian Santang 
ngomong "Lur, eta dahareun pikeun saha, meunang teu aing ngasaan eta dahareun, 
geus teu kuat yeuh beuteung" ceuk Kian Santang ka si Jalma. Ceuk si Jalma "Lain 
pikeun sasaha, hop bae dahar ku kumaneh saseubeuhna". Ngadenge titahan ngadahar 
eta dahareun, atuh geup bae nyomot buah korma bari ngomong "Ari ieu buah 
naon, siga buah pinang tapi rada leutik, eh ieu mah amis, ari buah pinang mah 
kulitna pait, ari sikina sok diparake nyeupah ku awewe". Ditembal ku si Jalma 
"Eta ngarana buah korma, di Pajajaran mah moal aya, paling oge aya buah kacapi 
jeung buah manggu. Mun ngadahar buah kacapi sok hese ngising nya?. Ditembal ku 
Kian Santang "Heueuh nyahoan bae dia mah" bari sungutna pinuh ku buah korma 
bakating ku lapar, bari panonna peureum
 benta ngaraskeun amisna buah korma.
 
Hanca deui............
 


 
 
      

Kirim email ke