Kacaritakeun Kian Santang naek nyiru hiber nuju ka tanah suci Mekkah. Sapanjang
jalan di awang-awang, leungenna nyekelan gigir nyiru meni raket pisan bari
sirahna dielukkeun, sarta panona peureum nahan kaperes tarikna angin. Teu
kungsi lila eta nyiru eureun sorangan di awang-awang, Kian Santang muka panona,
barang breh muka panon manehna reuwas/kaget sababna manehna masih aya di
awang-awang. Hatena ngagerentes "Kunaon ieu nyiru make eureun sagala, capeueun
meureun". Tuluy manehna tumpa tempo kahandap, bari ngomong sorangan
"Iiih...geuning dihandap loba amparan keusik, euleuh itu aya sato beheunga meni
panjang (Onta). Uluh aya haseup.....eh jiga loba imah geuning.....boa-boa aya
jalma keur meuleum sampe. Tapi kumaha turunna ka handap, piraku uing kudu
luncat" kitu gerentes hatena Kiang Satang. Keur jongjon hatena gurantas
gerentes, eta nyiru ujug-ujug ngahandapan nyamperkeun haseup anu ngeprul, teu
kungsi lila eta nyiru geus landing diluhureun
keusik deukeut pirunan seuneu anu keur ditungguan ku hiji jalma anu
pakeana make jubah bodas. Terus Kiang Santang turun dina nyiru nyamperkeun eta
jalma bari pokna "Sampurasun". Tapi eta jalma teu nembalan, da puguh harita teh
Kian Santang geus aya di tanah suci. Ceuk eta jalma : "يا أخي، من أنت atuh
puguh we Kian Santang teu ngarti kana kecap eta jalma. Ceuk Kiang Santang
"Ngomong naon maneh, teu ngarti uing mah". Tuluy eta jalma nangtung nyamperkeun
Kian Santang bari nyodorkeun leungen ngajak sasalaman bari pokna
" كنت من جاوة، ونرحب في مكة المكرمة " Kian Santang oge nyodorkeun leungen
nyambut leungeun eta jalma, manehna oge ngomong "Ke..ke..ari andika jalma atawa
bangsa halus, na kunaon basa andika teu kaharti ku uing". Eta jalma tuluy seuri
bari ngomong " أنا مقيم هنا، وأنا أعلم أنك سوف صوله
Hanca deui..............