eta kian santang teu make jurus ras clok tea kang?
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; wongbanten <[email protected]> Dikirim: Senin, 28 Mei 2012 9:32 Judul: [kisunda] CARITA MASYARAKAT UMUM Basa kuring ngahadiran ondangan urang lembur anu nyunatan anakna, harita hajatna nanggap (caramah) Kiyai, anu ceuk beja ti urang lembur Kiyai kondang. Dina peutingna acara caramah, deur we Kiyai nuturkeun caramahna, dimimitian ku uluksalam jeung salawat Nabi nepi ngabejer beaskeun ngenaan Ibadah. Dina eusi caramah disisipkeun hiji riwayat anu geus teu birek deui di tengah masyarakat nyaeta Prabu Siliwangi. Ceuk Kiyai Prabu Siliwangi boga anak dua, hiji lalaki-lalaki anu hiji deui awewe. Anu lalaki ngarana Raden Kian Santang anu awewe ngarana Raden Lara Santang. Kian Santang nyimpi panggih jeung hiji Ajeungan anu eusi nyimpina si Kian Santang supaya asup Islam. Dina impiana ajeungan mere alamat nyaeta Cirebon. "Mun maneh hayang panggih jeung kuring, tepungan kuring di Cirebon" kitu ucapan eta Ajeungan dina jero impian Kian Santang. Kaisuknakeun, hudang sare Kian Santang laporan ka bapana Prabu Siliwangi, ceuk manehna "Bah uing peuting nyimpi panggih jeung hiji ajeungan, eta ajeungan nitahan uing Asup Islam, manehna mere pituduh sangkan uing indit ka Cirebon". Meunang laporan ti anakna, Prabu Siliwangi nyerengeh seuri "Ih dari maneh, sugan teh laporan naon we, Jang ari nyimpi mah kembang sare ulah dijadikeun pikiran. Jaba eta ajeungan nitahan maneh indit ka Cirebon, rek naon coba? Boa-boa ajeungan eta boga cawene anu rek dikawinkeun ka maneh" ceuk Prabu Siliwangi nembalan aduan anakna rada heureuy saeutik. Meunang jawaban kitu ti kolotna, Kian Santang nembal "Ah bah, najan ngimpi, uing mah rek indit ka Cirebon, sugan mun panggih jeung eta Ajeungan uing bisa sakti manraguna". Ceuk Prabu Siliwangi "Atuh mun kitu pamadegan maneh, jig we tepungan eta ajeungan anu di jero impian, abah mah moal ngahalang-halangan kahayang maneh". Meunang idin ti kolotna, Kian Santang harita gura-giru beberes, nyokotan baju dina lomari pikeu salin disaupkeun kana koper jeung kadaharan pikeun bekel di jalan. Geus kitu pamitan ka kolotna "Bah uing rek mangkat, menta do'ana we, sangkan uing salamet di jalan". Prabu Siliwangi dina korsi kaagungan jung nangtung ngarangkul anakna bari nepok-nepok tonggong Kian Santang "Anaking Kiang Santang, jung geura indit, ku abah didoakeun. Mudah-mudahan maneh bisa tepung jeung eta ajeungan anu diimpikeun ka maneh, mun geus tepung gancang geura balik deui ka dieu". Singket carita, Kian Santang panggih jeung ajeungan anu diimpikeun ku manehna, eta ajeungan teh ngarana Syekh Datuk Kahfi. Geus amprok jonghok Kian Santang jeung eta ajeungan. Saterusna dina kayaan kasadaranana Kian Santang asup Islam. Geus panggih jeng eta ajeungan, Kian Santang meunang tugas ti ajeungan sankan manehna indit ka Mekkah pikeun ngalaksanakeun rukun Islam anu ka lima (haji). Ceuk ajeungan "Kian Santang, pikeun nyampurnakeun ka Islaman maneh, mama rek mere tugas nyaeta maneh indit ka tanah suci nyaeta Mekkah pikeun ngalaksanakaneuk rukun Islam anu ka lima. Sangkan maneh tumaninah dina ngalaksanakeun ibadah haji, maneh kudu nepungan heula tokoh tanah Arab anu katelah jago jeung satira manraguna. Eta jelema henteu aya tandinganan di kolong dunya ieu, ngarana Saidina Ali. Tepungan eta Saidina Ali, menta ka manehna pituduh dina ngalaksanakeun ibadah haji. Maneh bisa tolab elmu ka manehna, sabab manehna teh gudangna elmu. Sok ayeuna bral geura indit ka tanah suci". Meunang tugas ti ajeungan, eta Kian Santang bingung, sabab kara ngadenge anu ngarana tanah suci nyaeta Mekkah, dimana ayana jeung naek naon lalampahanna. Pikeun neguhkeun panceun ieu, Kian Santang nanya ka ajeungan "Mama uing rada aheng/iheng menang tugas ieu, uing kara ngadenge anu ngarana Mekkah, eta aya dimana jeung kudu make naon uing ngajugjug eta tempat, naha numpak Sukhoi SJ 100?". Ceuk ajeungan ngajawab singket "Numpak naon wae, make daun cau oge mun bisa hibermah bisa nyampe ka tanah suci". Kian Santang rada mesem bari unggeuk, dina hatena ngagerentes "Mun kitu mah aing rek numpak nyiru we, da aing indit ti Pajajaran ka Kacirebon numpak nyiru". Saterusna Kian Santang pamit ka ajeungan rek indit ka tanah suci "Mama uing pamit rek indit, saencana uing indit, naha mama gaduh nyiru?" Ceuk ajeungan "pikeun naon eta nyiru, piraku ka tanah suci Mekkah mawa-mawa nyiru, naha maneh rek napian beas? Nyiru mah aya tuh di dapur" ceuk ajeungan bari leungeunna nunjuk ka dapur imah. Geus kitu lur we Kian Santang ka dapur nyokot nyiru, geus menang nyiru manehna indit. Di buruan imah ajeungan Kian Santang nembrakkeun nyiru tuluy eta nyiru didiukan, teu lila eta nyiru teh ber we hibeur mawa Kian Santang ka tanah suci Mekkah tarik pisan "Siiuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuut" eta tarikna teu jauh jeung pasawat 700 km per jam. Hanca euy.......leungeun geus teu kuat nyocoan Keyboard.
