Tah kitu, Kang Udin keureuyeuh, ngarah tambah lancar basa Sundana. Ceuk
uing mah, ngarah wanda tulisan Kang Udin boga ciri mandiri, jigana mending
make basa Sunda dialek Banten geura. Jadi ngaliwatan carita nu ditulis ku
Kag Udin, paling henteu baraya sejen bisa milu mikawanoh basa Sunda
pakulonan. Dina tiap postingan, tong panjang teuing, cukup sakaca we,
ngarah kabaca ku sabengbatan.

2012/5/28 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Kacaritakeun Kian Santang naek nyiru hiber nuju ka tanah suci Mekkah.
> Sapanjang jalan di awang-awang, leungenna nyekelan gigir nyiru meni raket
> pisan bari sirahna dielukkeun, sarta panona peureum nahan kaperes tarikna
> angin. Teu kungsi lila eta nyiru eureun sorangan di awang-awang, Kian
> Santang muka panona, barang breh muka panon manehna reuwas/kaget sababna
> manehna masih aya di awang-awang. Hatena ngagerentes "Kunaon ieu nyiru make
> eureun sagala, capeueun meureun". Tuluy manehna tumpa tempo kahandap, bari
> ngomong sorangan "Iiih...geuning dihandap loba amparan keusik, euleuh itu
> aya sato beheunga meni panjang (Onta). Uluh aya haseup.....eh jiga loba
> imah geuning.....boa-boa aya jalma keur meuleum sampe. Tapi  kumaha turunna
> ka handap, piraku uing kudu luncat" kitu gerentes hatena Kiang Satang. Keur
> jongjon hatena gurantas gerentes, eta nyiru ujug-ujug ngahandapan
> nyamperkeun haseup anu ngeprul, teu kungsi lila eta nyiru geus landing
> diluhureun keusik deukeut pirunan seuneu anu keur ditungguan ku hiji jalma
> anu pakeana make jubah bodas. Terus Kiang Santang turun dina nyiru
> nyamperkeun eta jalma bari pokna "Sampurasun". Tapi eta jalma teu nembalan,
> da puguh harita teh Kian Santang geus aya di tanah suci. Ceuk eta jalma : "يا
> أخي، من أنت  atuh puguh we Kian Santang teu ngarti kana kecap eta jalma.
> Ceuk Kiang Santang "Ngomong naon maneh, teu ngarti uing mah". Tuluy eta
> jalma nangtung nyamperkeun Kian Santang bari nyodorkeun leungen ngajak
> sasalaman bari pokna
> " كنت من جاوة، ونرحب في مكة المكرمة   " Kian Santang oge nyodorkeun
> leungen nyambut leungeun eta jalma, manehna oge ngomong "Ke..ke..ari andika
> jalma atawa bangsa halus, na kunaon basa andika teu kaharti ku uing". Eta
> jalma tuluy seuri bari ngomong  " أنا مقيم هنا، وأنا أعلم أنك سوف صوله
>
>
> Hanca deui..............
>
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke