[Urang Sunda] Punten..

2006-06-21 Terurut Topik sakura_female2003
assalamualaikum.., ah ningal sareng aos surat ti nu sanes janten hoyong nge-post keun surat... bade naros pami meuseur buku-buku sajarah kota-kota sunda di mana nya?? hatur nuhun sateuacanna.. *Neng Yahoo! Groups Sponsor ~-- See what's inside

[Urang Sunda] Re: Punten..

2006-06-21 Terurut Topik ndoell
Wa'alaikum salam... muhun neng, mending ge posting, tong no'ongan wae... bilih bintitan... heu..heu.. nu ditaroskeun teh sejarah kota-kota sunda tanapi sejarah sunda-na neng ? pami sejarah kota2 sunda hartosna sejarah kota bandung, kota tasik, kota subang. kitu bunginten eh..panginten nya Neng ?

Re: [Urang Sunda] pergeseran bahasa nusantara

2006-06-21 Terurut Topik brad porenges
Kang Aldo, hatur nuhunparantos ngintun"forward"-an, anu keur abdingandelan "elmu" ( aos: loba tanyakeuneun) hususna perkara kabantenan atawa sajarah banten.baktos,bradaldo desatura [EMAIL PROTECTED] wrote: Dear,titatanggi sabelah punteun teu di sundakeun deui.. mereun aya

Re: [Urang Sunda] kabungbulengan ku Mang J

2006-06-21 Terurut Topik brad porenges
Assalamu'alaikum Apih,Abdi brad, ayeunabubujang di Jakarta. Mang Jamal? Muhun abdi kapi paman ka Anjeuna da pedah we ng-emangkeun...Sae pisan ngangken wargi ka sasaha, sami sarengApihangkenan, darehdeh,someahditampi ieu cau raja cerena arageung pisan, Pih!Bagja abdi mahpapendak

[Urang Sunda] (unknown)

2006-06-21 Terurut Topik ihin solihin
Asalamualaikumkumaha daramang dulur kabeh teh nepangkeun nami abdi solihin, abdi hoyong kenal ka istri-istri di kusnet sugan wae aya anu nyantol kana hate abdi teh keur neangan calon pamajikan/istrimun sakitu wae ti abdi, punteun bilih aya basa anu teu mernah Talk is cheap.

Re: [Urang Sunda] hebat tampa hurup E (tdn: Gerakan Mak Enoy)

2006-06-21 Terurut Topik Dina Yuliana
mairan ah. salian resep nambihan 'awalan' E, urang sunda mah resep kana hurup H dina tungtung kecap. pan kawentar US mah, upami nyarios bahasa indonesia janten 'gituh', 'gimanah', ...jsb. malih, di keluarga pun biang, ampir sadaya jenengan ditungtungan ku H contona: Amih, Ratmanah, Enah, Enih,

RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selatan

2006-06-21 Terurut Topik Nana Tea
Haturnuhun Kang Dian Haturnuhun Apih SidikSatadina mah sim Kuring hoyong Camping di Jayanti ,mulungan Udang Karang, ngusep lauk Layurceuk kahayang mah, ti Batawi kaditu numpak scooter, terus damel tenda sisi lautPami dijalan Tanggeung - Binongseueur leuwi mah, mendingan teu cios we

Re: [Urang Sunda] (unknown)

2006-06-21 Terurut Topik Runa Inawan
Waalaikumsalam Wr. Wb.ieu teh kan Ihin anu di PJK IPB tea sanes? He..he..wilujeng kang Ihin Abdi Runa Inawan tea, mangga kalebet, hoyong anu kumaha kang ihin teh istrina, database lengkep pisan na mah aya di kang Ndoell, mangga kang ndoell kaluarkeun tah tutungkusan bin peperenian teh. Teu

Re: [Urang Sunda] Naros hartosna -- kabungbulengan

2006-06-21 Terurut Topik Aj Kusnet
Haturan, Kang Brad sareng balaréa ti suklakna ti siklukna...Aya "irisan" ("intersection") antawis "kabungbulengan" sareng "kapéngpéongan" teh, nyaéta dina perkawis "kabetrik asih kapanah asmara". Nanging, asana mah, teu aya anu kapéngpéongan ku nomer buntut atanapai kapengpeongan

RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selatan

2006-06-21 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Wios teu janten oge... saena mah upami kaditu teh nganggo motor biasa ulah scooter.. mulungan hurang karang.??, mimpi kaleee.eta mah atuh sabaraha puluh tauh kapengker.. nguseup layur...??, tah upami nuju usumna mah, sok rame... kedah nyewa parahu, upami teu lepat taun 2004, sewana

Re: [Urang Sunda] hebat tampa hurup E (tdn: Gerakan Mak Enoy)

2006-06-21 Terurut Topik Aj Kusnet
Asa kaingetan,Cenah mah, urang Sunda lamun ngecapkeun "Bandung" téh "d" na henteu teges, tapi henteu leungit deuih, jadi kadéngéna téh "banung", ngan ieu mah "nu" na henteu ngirung (henteu siga "nu" dina kecap "anu", "manusa", jsté) tapi leuwih loba hawa kaluar tina baham. (Kudu ku ahli

[Urang Sunda] Lowongan di Matahari Club Card

2006-06-21 Terurut Topik Runa Inawan
-Subject: Persiapan-SeleksiLowongan di Matahari Club CardTo: [EMAIL PROTECTED] Pak Mod, nitip lowongan yaa.. Thx :) Matahari Club Card, sebuah unit usaha dibawah PT.Matahari Putra Prima yang bergerak di bidang Customer Relationship Management (CRM) membutuhkan :

Re: [Urang Sunda] hebat tampa hurup E (tdn: Gerakan Mak Enoy)

2006-06-21 Terurut Topik ndoell
Mang Kardun huhujanan di Banung, satadina mah rek neang angkot jurusan Cikapunung. Tungtungna leumpang, ditiung ku anuk, bari make senal capit, tuluy ngiuhan hanapeun tangkal kanongnong.. katirisan, biwirna baal asa karanel... Nyaho kieu mah meningan diimah.., ceuk Mang Kardun bari ngorong (tah

Re: [Urang Sunda] punten

2006-06-21 Terurut Topik mardiana
Wilujeung sumping di kusnet. baktos, anna On Wed, 21 Jun 2006 09:46:09 +0700 \ts\ [EMAIL PROTECTED] wrote: Leaves assalamualaikum.. wr wb saderek sadaya .. hapunten ngawantun keun anjeun kaula,.. nepangkeun abdi (ts) member anyar .. ayeuna nuju aya di batam.. baktos

Re: [Urang Sunda] Ngiringan...

2006-06-21 Terurut Topik iing mursalin
walah kang enton... abdi oge sami ti cibeureum mung benteun desa.. upami abdi mah ti desa ciherang...enton supriyatna sind [EMAIL PROTECTED] wrote:Ke...ke..ke...di Tasikna palih mana yeuh, Lur? Da kuring oge ti Tasik, ti Desa Sukamenak, Kec. Cibeureum. Ayeuna ngumbara neangan

[Urang Sunda] Punten...Nepangkeun

2006-06-21 Terurut Topik RaRaDuTaN
Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh... + Naon eta utak utek dina bilik...? - irjam ta teh. + naon parabna...? - uter uter.

Re: [Urang Sunda] Si Borokok kabungbulengan ku piit tara anggang ti sayangna...

2006-06-21 Terurut Topik ihras
eueleuh eueleuh geuningan'naha jdi rame kieu, gara-gara sim kuring nyebatkeun kabungbulengan ku tembang ..geuning ari piit mah ting tara anggang ti sayangna.. ari simana horeng, kalahka anu dibahas teh si borokok kabungbulengan, ari pertanyaan sim kuring tidak ada yang ngawaro..meuni kacian deh

Re: [Urang Sunda] Re: Punten..

2006-06-21 Terurut Topik mardiana
Di palasari ge seueur Neng Lia. kantun taroskeun we diditu Kumaha damang neng, iraha bade ririungan deui ? sono, anna On Wed, 21 Jun 2006 07:14:09 - ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Wa'alaikum salam... muhun neng, mending ge posting, tong no'ongan wae... bilih bintitan...

Re: [Urang Sunda] Kasundaan ceuk si Wanda ......

2006-06-21 Terurut Topik mj
Hehe...enya Bah, naon bae dijadikeun alat pikeun ngahontal cita2 atawa kahayang. ngan nya logikana kumaha, nu teu ngagem agama Islam, sina ngado'a basa Arab nu tangtuna ti ajaran Islam-aliran Islam nu lumpatna ka dinya. hehe. On 6/21/06, Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote: Wanda aranna teh.

[Urang Sunda] Re: Undangan Seminar 22 Juni 2006

2006-06-21 Terurut Topik denysuwarja2k
Dimana tempatna ieu teh? jam sabaraha? geuningan teu tiasa dibuka 'tangkodanana'? --- In urangsunda@yahoogroups.com, Sofian M Asgart [EMAIL PROTECTED] wrote: Mohon kehadirannya dan mohon disebarluaskeun ... - Do you Yahoo!? Everyone is

Re: [Urang Sunda] Kasundaan ceuk si Wanda ......

2006-06-21 Terurut Topik denysuwarja2k
Uing jadi inget baheula keur kelas 6 SD panggih jeung hiji haji mang MJ... gawena teh mere nomer jang pasangeun batur. Tapi anehna teh manehna tetep miskin hihihii Mun enya mah bisa jitu, ceuk uing mah pasangan we kusorangan. Jadi bisa beunghar nya? Jeung anehna teh, ongkoh sok solat jeung

[Urang Sunda] Re: hebat tampa hurup E (tdn: Gerakan Mak Enoy)

2006-06-21 Terurut Topik denysuwarja2k
Enya bener cocok atuh mun kitu mah... apanan Dudi Herlianto jadi E-dud --- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote: wassalamu'alaikum, heu heu heu.. enya nya (pan sadayana ge pernah janten) wanoja sunda nu hebad (baca: kawentar) seueur nu namina

Re: [Urang Sunda] Re: hebat tampa hurup E (tdn: Gerakan Mak Enoy)

2006-06-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
kurang n-na mang.. E-ndud kalan jadi E-ndi... sakapeung E-ndut (ieu mah nes tina Dudi tapi tina Gendut :))) hi hi hi hi dh ku mh pernah disebut djang hadji tapi sumpah mang tara mere nomer :D On 6/21/06, denysuwarja2k [EMAIL PROTECTED] wrote: Enya bener cocok atuh mun kitu mah...

[Urang Sunda] Re: punten (mangga: saha teh kakasih teh?)

2006-06-21 Terurut Topik Deny Suwarja
Mangga kalebet, tong isin2 urang sunda mah teu kenging isinan. Saha tea nya kang kakasih teh? Abdi pun Deny ti Garut Deny Suwarja Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda --

[Urang Sunda] Re: Sajarah  Tatar Sunda (Ti DI nepi ka NII-KW9)..k anggo kang Kuncen

2006-06-21 Terurut Topik MSasmita
. Perkawis DI/TII aya bukuna : 1. Darul Islam, Sebuah Pemberontakan/ C.Van Dijk/Grafiti/citakan ka opat taun 1995. Dina ieu buku dirinci diunggal daerah teu mung di Jabar wungkul. 2. Kewibawaan Tradisional, Islam dan Pemberontakan, Kasus Darul Islam di Jawa Barat/Karl D

[Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Deny Suwarja
Aya ku edas ari Mang Ihin Solihin, meni togmol kitu eung! Enyaan rek nyiar jodo ieu teh? Beu beu mana teuing, ngacirna atuh anu gareulis teh heuheuheu... Kabayang uing mah Mang Ihin teh, ngomong kituna teh bari mawa bedog, kumis baplang, make iket, bari jamotrot Sok tah para1oja saha anu

[Urang Sunda] Re: Si Borokok kabungbulengan ku piit tara anggang ti sayangna...

2006-06-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
kang ihras... biasa kang dina milis mah kieu, mun nu ditanyakeun teu apal naon jawapanna, nya ngajawap nu apal we sangkilang teu ditanyakeun. heu heu heu lir piit ngeundeuk-ngeundeuk siborokokok (ih nyambung teu nya?). cing cuang nyobian ngajawap nu ditaroskeun ku akang, sugan bener. ngan

RE: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Julaeha, Siti
Janten hoyong seuri ngabayangkeun aya nu mawa bedog kumisna baplangbari jamotrot tur make iket terus nyarita bari mulintir2 kumis baplangna, "anjeun daek kawin jeung kuring?" heu heu heu pami abdi nu ditaros kitu sigana bakal ngajawab, " hayu! siapa takut!" Teu ketang,

[Urang Sunda] Re: Punten..

2006-06-21 Terurut Topik sakura_female2003
aduh teh mardiana hatur nuhun.. Tapi sahanya teh?? ieu teh hilap deui...Punten sahanya teh???salam kenal atuh.. *Neng --- In urangsunda@yahoogroups.com, mardiana [EMAIL PROTECTED] wrote: Di palasari ge seueur Neng Lia. kantun taroskeun we diditu Kumaha damang neng, iraha bade

Re: [Urang Sunda] Re: Undangan Seminar 22 Juni 2006

2006-06-21 Terurut Topik Runa Inawan
Tiasa kang deni dibuka, kompi akana we eta mah, kedah tos di tekean, he..he.. Many people have something like magic belief in the efficacy of the law is shaping human conduct and social relations. It is a superstition which is itself a fact of political importance, but a superstition it is all

[Urang Sunda] Opini - Bahasa Sunda dan Teknologi

2006-06-21 Terurut Topik mh
Bahasa Sunda dan Teknologi Oleh US TIARSA R. Ku naon ieu teh bet harengheng kieu? Ke heula, can kararonek! DUA kalimat di atas merupakan rekaman percakapan dua orang pemuda di ruang sebuah kantor. Kalimat pertama diucapkan seorang operator ketika mendapati semua komputer di ruangan itu

Re: [Urang Sunda] Opini - Bahasa Sunda dan Teknologi

2006-06-21 Terurut Topik Aj Kusnet
Hadé postingan téh, Ki... Tapi kakara saliwat macana, rada panjang sih... Ké dihanca deui bari diimplengan... Tapi teu anéh pangna hébat ogé, Kang Us Tiarsa téa jago kolot...AJmh [EMAIL PROTECTED] wrote: Bahasa Sunda dan Teknologi Oleh US TIARSA R.

Re: [Urang Sunda] Re: Si Borokok kabungbulengan ku piit tara anggang ti sayangna...

2006-06-21 Terurut Topik Aj Kusnet
Ha ha... Enya sigana mah kitu, Kang Dudi... Hampura nya Kang Hiras, da kuring mah pipilueunana téh ti béh tengah sih, hé hé... Tapi... Naon atuh anu ditaroskeun ku Kang Hiras téh? Enya perkawis kawih google... éh kawih piit...? Duka atuh perkawis éta mah... hé hé...AJDudi Herlianto

Re: [Urang Sunda] punten

2006-06-21 Terurut Topik =Ts=
kuring mah "jalu" kang Runa.. gaduh judul-tahyan- eta nami pamere pun aki .. tos tilar dunya ayeuna mah, hapunten kang Runa di bogor na linggih di palih mana...leresan nana..? bilih tatanggi...sareng terminal...he..he.. cag ah... baktos _ts_ nuju ngalamun palay "mudik"..sono ka wanoja

RE: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Heryadi, Eddy
Teh abdi kasep teu percanten ? Taroskeun we ka pun bojo. hehehe... baktos, Eddy H -Original Message-From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Julaeha, SitiSent: Thursday, June 22, 2006 1:37 AMTo:

RE: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Roro Rohmah
Teh Tiiikade...sing atoz-atoz...angger Kang Eddy mah PD (Poho Diri) abiz...! Sing emut Kang kanu di Bandunghihihii... ro2 belecetlumpat! [EMAIL PROTECTED] 06/22/06 08:18AM Teh abdi kasep teu percanten ? Taroskeun we ka pun bojo. hehehe... baktos, Eddy H

Re: [Urang Sunda] punten

2006-06-21 Terurut Topik Runa Inawan
Ohhh...sippp kang Tahyan. Abdi di Laladon kang , caket bubulak tea. Pas pisan gigirieun terminal laladon.Hayu atuh sanes waktos mah urang KALOPDAR deui. nya kang, hehe...On 6/21/06, =Ts= [EMAIL PROTECTED] wrote: kuring mah jalu kang Runa.. gaduh

RE: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Heryadi, Eddy
Eh teh Roro. yey...da abdi mah mung nyarios abdi kasep hehehe Ka nu di Bandung ? maksad na teh Roro?... heuheuheu... angger nya teu sadar wae... Emut atuh teh pan enjing Jumaah waktosna setor. kanu di bumi Eddy H rikatmegattehRoro -Original

Re: [Urang Sunda] Kasundaan ceuk si Wanda ......

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehe...enya Bah, naon bae dijadikeun alat pikeun ngahontal cita2 atawa kahayang. ngan nya logikana kumaha, nu teu ngagem agama Islam, sina ngado'a basa Arab nu tangtuna ti ajaran Islam-aliran Islam nu lumpatna ka dinya. hehe.

Re: [Urang Sunda] Opini - Bahasa Sunda dan Teknologi

2006-06-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
lalegok ku tapak jeung garenteng ku kadek nya kang AJ hi hi hi.. ngan kalimah kahiji asa kabina-bina tah nu ngadamel kecap harengheng... asa jauh tina heng. mun tina heng pan kuduna mah jadi harareheng nya kang? heu heu heu kapungkur di milis ieu aya usaha ti baraya nyundakeun

Re: [Urang Sunda] Kasundaan ceuk si Wanda ......

2006-06-21 Terurut Topik surtiwa surtiwa
Leres pisan komentarna..abdi ge seueur gaduh conto..maklum 30 langkung tatanggaan di Bandung di pamoyanan sareng babah tukang obat celep...bandar lauk asin...calo motor...pamasok obat2an keur salon (grossir)...nya kitu...marahnehna teh pragmatis...ari lebaran natamu kan pun aki..nganggo kopeah

[Urang Sunda] Bentang pasantren

2006-06-21 Terurut Topik Endang Tatan
Poe ieu pagawean nuju rada suwung...jadi bisa bucu baca, aya oleh oleh ti pameran buku di bandung, buku karangan Pa Usep Romli..judul bukuna Bentang Pasantrenn.. duh mani asa waas waktu maca eusina... pa Usep ngadadarkeun Katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri

Re: [Urang Sunda] Opini - Bahasa Sunda dan Teknologi

2006-06-21 Terurut Topik ely djulia
Daramang wargi KUSNET sadaya?Hatur Nuhun Kang MH, seratan Pak Us Tiarsa eta teh penting pisan kanggo diguar. Ti saprak sim kuringlebet ka ieu milist awal tahun 2003, sim kuring mendak kecap-kecap b.sunda nu teu acan aya dina kamus b. sunda saperti: ngimel ngariplay onlenjsb nu dianggo

Re: [Urang Sunda] Bentang pasantren

2006-06-21 Terurut Topik suk4n4
Manawi tiasa ngagaleuh dimana nya ? sareng pameran bukuna parantos rengse atanapi aya keneh ?Hatur nuhun sateuacanna.WassalamH.SukanaHR-Center09Rep02GedungM,JlGegerkalongHilirNo.47BandungPhone.022-2021908e-mail:[EMAIL PROTECTED][EMAIL PROTECTED] wrote: -To: [EMAIL PROTECTED],

Re: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
ceu roro kang eddy (hese kang euy nyeratna)mah bakating ku emut nyarios kasep teh. da mung nu di bandung nu nyebat kitu, pami seueur nu nyebat mah pan hilap kana kakasepan panginten.. heu heu heu heu... kerelep teuleum, baju dibuka sina palid kang eddy odeng sanes ha ha ha ha ha (heureuy

[Urang Sunda] Ujina Nasioal (UN) nu mawa korban....

2006-06-21 Terurut Topik kang_boim
Baraya..., sababaraha poe ka tukang hasil ujian nasional (UN) barudak sakola SMA geus diumumkeun samalah sabagian barudak SMA ngalakukeun aksi curat-coret dina baju jeung buukna sewang-sewangan pikeun ngabudalkeun rasa kabungahna. Tapi disagigieun eta aya sabagean murid SMA anu keur sedih kinkin

[Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
UAN (ujian akhir Nasional) nangtukeun pisan naha budak SMP/SMA boga izasah atawa henteu. Waktu UN SMA dibuka kamari, loba budak abege nu jadi stress kulantaran teu lulus UN. Malah ceuk beja kamari, aya budak di Medan tepi ka ngagantung maneh. Kuring lain teu satuju UN, da standarisasi mutu teh

[Urang Sunda] Re: Opini - Orang Sunda Mencari Jati Diri

2006-06-21 Terurut Topik oman abdurahman
Lamun nuturkeun uga wangsit Siliwangi, ciri-ciri budak angon teh diantarana: - teu ngarasa genah tumaninah lamun rahayat jeung somah masih keneh hirup sacara rudin (balangsak)--ieu talatah anu mimiti. Kunci kasuksesan pamimpin jeung kapamimpinana: merhatikeun rahayat leutik--ieu luyu pisan jeung

[Urang Sunda] 22 Juni jeung tafsir sajarah

2006-06-21 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Tadi isuk, aya bija disalah sahiji radio (Delta FM), cenah 22 Juni 1527 (?), pasukan anu dipingpin Falatehan ngagempur pasukan Portugis di wewengkon Sunda Kalapa. Eta Portuig teh eleh, ti harita eta wewengkon dingaranan Jayakarta. (tapi keur peuting Portugis/gal ngelehkeun meksiko 2-1). Hidup

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik Hasan Supriadi
kedahna masalah pendidikan di urang mah diurus ku urang walanda (komo masalah Tata Kota mah...) da tos kabuktos, urang indonesia mah dipercaya ngurus 50 Thn langkung teh hasilna mung sistem DIKNAS nu ramijud, gedong sakola nu ambruk, jeung seueur nyitak koruptor (tapi langkung seuseur

RE: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Heryadi, Eddy
Heuheuheu. leres tah cep ndud... minimal atos kauji aya anu nyebat kasep... daripada nu teu acan payu... heuheu... teu gaduh buktos... Ari gogonjakan teu payu - teu payu kitu teh, sok emut kaki sobatnu ngumbara di Bontang Kaltim, waktos abdi nyaba kadinya teh... angger we

[Urang Sunda] Re: Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik kang_boim
Nyaeta Bah..., matak lieur ngabandunganana sistem pendidikan di urang keur mah anggaran ti pamarentah masih keneh leutik atuh tamah ramijud ka handapna oge. timimiti jaman sim abdi sakola (baheula) pikeun kalulusan teh ditangtukeun ku hasil EBTA jeung EBTANAS, nilai EBTA bisa ngabantu nilai

Re: [Urang Sunda] Bentang pasantren

2006-06-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
kang suk4n4, cobian hub. penerbit buku-buku sunda, Kiblat tea. manawi buku eta terbitanana. alamatna di: Jl. Karawitan 46 Bandung Telp. 022 7304764Cp: Ibnu Hijr (081321238634) atanapi ka ua sas di: Perumahan Margawangi Jl. Margawangi VII No. 5 Margacinta Bandung 40287 tlp. 022 7511914 hp.

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
Hihihi . piraku kudu ngondang deui urang Walanda mah. Nembe kuring maca dina detikcom, cenah aya budak teu lulus, gara-gara niley matematikana kurang 0.25, padahal niley basa Indonesia jeung basa ingrris 8 jeung 9. Karunya eta budak, meureun bakatna dina basa, lain dina widang eksakta. WS

Re: [Urang Sunda] Opini - Bahasa Sunda dan Teknologi

2006-06-21 Terurut Topik iwa cyber
Kang MH, manawi gaduh emailna Pa Us Tiarsa,...abdi bade nyuhunkeun widi kanggo muat ieu seratana di majalah abdi engkin,..majalah IT...nuhun.. iwa KujangPutramh [EMAIL PROTECTED] wrote: Bahasa Sunda dan TeknologiOleh US TIARSA R."Ku naon ieu teh bet harengheng kieu?""Ke heula, can

Re: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
heuy deuh... neunggeul pisan kang kana mamaras. :D ngahanju kang... kumaha lamun simkuring nyuhunkeun lagu bimbona sing lengkep, susuganan tiasa jiga tuang sobat, 2 minggon tiasa tuncab tanceb :)). dh On 6/22/06, Heryadi, Eddy [EMAIL PROTECTED] wrote: Heuheuheu. leres tah cep

RE: [Urang Sunda] Re: (no Subj) kango mang ihin

2006-06-21 Terurut Topik Heryadi, Eddy
Duh... nyaeta dasar tos katepaan panyawat Apih Sidik (har... nempuhkeun batur..punten Pih) janten rada poho deui cep ndud kapungkur mah pun bapa alm gaduh kasetna... duka kamarana tah... dipilari koleksi kaset pun bapa teh teu kapendak... nu emut teh... eta we... da maklum di

Re: [Urang Sunda] Bentang pasantren

2006-06-21 Terurut Topik enton supriyatna sind
Kang Usep Romli teatah eta teh urang Cibiuk, Garut. Abdi ge seueur nyonto ka anjeunna dina hal tulis menulis, sanajan teu kataekan oge. Da puguh baheulanakantos nyantri, jadi mun ngadongeng soal santri teh Kang Usep mah ngeunah ngabandungannana. Bandingkeun geura sareng buku "DongenEnteng

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik surtiwa surtiwa
Ke..ke...rada kirang ngartos sim kuring...tel mi..meureun...seueur nu teu lulus UAN protes ka KOMNAS ANAK...anu diprotes teh UAN na atanapi teu lulusna...pangemut abdi mah ti tahun 50 an oge ujian mah yah ujian..sababaraha mata palajaran diuji..ditingili..nileyna..dietang index kelulusan..tina

Re: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selatan

2006-06-21 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Ieu teh mang jalan anu bade ka bumi pa asep rai emang tea anu abdi kantos amengan kaditu ? baktos @ERN On 6/21/06, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Wios teu janten oge... saena mah upami kaditu teh nganggo motor biasa ulah scooter.. mulungan hurang karang.??, mimpi

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
Maksad kuring teh kieu, upami budak teu lulus, kedah kumaha?, da geuning teu jelas. Naha ngulang deui di kelas tilu atawa kumaha, atawa sina jadi pangangguran wae?. Kalulusan murid ti sakola ceuk kuring mah benten sareng testing bade lebet didamel (atanapi bade lebet sakola deui). Kalulusan