Irah kuring boga imah aya balongan, aya balong saeutik. Tagog "gogog", aya
goah, pokokna siga bareto...ah romantis. Hese kiwari mah. Komo lahan ngan 60
m mah. kumaha rek nyieun balong jeung tepas, dalah keur sakalieun narima
semah anu meuting ge hese. Buktina, kang Runa. boro2 bisa di kamarkeun, da
teu aya.
hehe
baktos
tantan

On 3/6/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Abdi ge hoyongnamah hoyong gaduh bumi konsep tradisional Sunda teh...
Pami di pilemburan mah kahartos da seueur keneh taneuh molongpong.
Hmmm...kacipta...
Bumi panggung, aya tatapakan batu nu parasagi paragi kalebet bumi (sok
dianggo ngajengjreng, ngawangkong bari salisiaran..)
Lantey (Sunda?) nganggo talupuh, teu kedah AC-ACan da tos karaos tiis
ngahiliwir tina liang bilik.
Dihandapeun bumi aya kandang ingon-ingon sabangsaning entog, meri, hayam &
soang... (ketang, ayeuanmah pimatakeun salesma manux)
Balong sisi bumi, aya pancuran nu caina cur-cor...ninggali kahandap seueur
lauk patinggulipak...
Disisi bumi sapalihna deui kebon ngemplo hejo, kayaning pepelakan jagong,
sampeu, terong, cengek, kacang panjang...srrd.
Pami teu gaduh rencang sangu, kantun nguseup, laukna dibeuleum &
dikecapan, direncangan ku sambel goang teu kakantun lalabanana...
Eueut ci duwegan nu kenging ngala...euuugghhh...terab...suganmah...matak
betah...haroream paeh...heheh.

Hanjakal di pilemburan jaman kiwari tos langki bumi sapertos kituw
...rata2 digentos ku tembok.
Di sisi sawah seueur gedong sigrong patingpucunghul gaya Spanyol,
Mediteran, srrd...duka naon teu apal.
Nitenan pangaos taneuh di kota ageung contona sapertos Bandung ni ararawis
pisan.
Urang lembur mah sok maroyokan, tangtos dibandingkeun sareng bumi di
pilembur nu iblig-ablag tebih pisan atuh...
"Ih, ni baretah nya urang kota mah caricing di imah sagede kurung
manuk..."
"Ish lalawora, imah leutik ge aya hargaan di kota mah..."
"Tuda meni duk dek, heureut pisan jeung bararau sagala rupa..."
"Bae we matak kitu ge "stategis" meh sagala kasampeur...mun keur raripuh,
bisa mandi bari ngagoreng lauk...heheh".
ro2

On 3/6/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Upama nengetan imah tipe perumnas, lamun urang asup ka
> tengah imah teh sisi kencana biasana aya kamer sare
> dua, diantara dua kamer eta biasana aya kamar mandi.
> Konsepna meureun ngarah babari ka cai ti kamar sare.
> Kitu oge kuring pernah ka hijiimah di Pondok Indah.
> Barang asup ka imah teh, lebah katuhu ruang tamu, ari
> lebah kencana langsung ka kamer mandi. Padahal dina
> konsep imaht tradisional Sunda, kamer mandi ayana di
> luar imah, atawa paling heunteu di beh tukang, heunteu
> di tengah imah. Sok sanajan kamer mandina bersih tur
> katutupan rapet jeung make „pewangi" sagala tapi pan
> lamun aya jalma miceun sabada dahar jengkol atawa
> peuteuy, tetep wae bau kaambeu kamana-mana.
>



--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke