Utamana urang garut mah teu kudu lieur, teu kudu nyieun malah. Nyewa we di cipanas garut. Contona hotel Sumber Alam. Rada lumayan, siga imah Sunda buhun. Sanajan ngan ukur dina cara make matrial. Make hateup bahan injuk, sabagian di luhureun balong. Jaba aya kolam renang haneut. Heuheu.
Ngan eta aya ngaran hotel nu rada aneh. \ hotel Tirta Gangga. Naha bet kudu mamake walungan di India sagala? Atawa nu bogana turunan India kitu? Walungan Gangga rada identik jeung Hindu. Malah cenah, walungan eta dianggap suci pikeun urang Hindu India. Padahal mah make ngaran hotel Cikuray, atawa ngaran walungan di garut. Hotel Papandayan di jl. Gatsu bdg, alus tah. Nu antik pisan, Kampung Sampireun tea. Dina jinis hotel mah KS kaasup kelas hotel Butik. Saeutik kamerna, tapi mahal pisan, sabab eksklusif. Eksklusifna kumaha? Eta, maka model imah buhun, matrialna, jeung sajabana. Sisi situ deuih. Tapi ari geus aya mah waragadna, nya nyieun model imah antik sunda, pikeun villa, di lembur singkur. Kungsi manggih model imah kitu, rek asup ka cipanas puncak, oge di banjar. Cenah mah nu inohong jakarta. Siga yankee baroga logcabin atawa loghouse tea, imah nu dingdingna tina tangkal golondongan (log), jaman koboy tea. Mun batur baroga ranch, urang mah make sawah jeung kebon. Ranch ge ketang hade, meri atawa domba. Haha. Lahan heureut? Nyieun imahna luhureun balong, jadi imah boga, balong aya. Hehe. Mj Can boga imah, gambarna mah geus loba dina sirah. haha ---- Iraha kuring boga imah aya balongan, aya balong saeutik. Tagog "gogog", aya goah, pokokna siga bareto...ah romantis. Hese kiwari mah. Komo lahan ngan 60 m mah. kumaha rek nyieun balong jeung tepas, dalah keur sakalieun narima semah anu meuting ge hese. Buktina, kang Runa. boro2 bisa di kamarkeun, da teu aya. hehe baktos tantan

