Abdi ge hoyongnamah hoyong gaduh bumi konsep tradisional Sunda teh...
Pami di pilemburan mah kahartos da seueur keneh taneuh molongpong.
Hmmm...kacipta...
Bumi panggung, aya tatapakan batu nu parasagi paragi kalebet bumi (sok dianggo 
ngajengjreng, ngawangkong bari salisiaran..) 
Lantey (Sunda?) nganggo talupuh, teu kedah AC-ACan da tos karaos tiis 
ngahiliwir tina liang bilik.
Dihandapeun bumi aya kandang ingon-ingon sabangsaning entog, meri, hayam & 
soang... (ketang, ayeuanmah pimatakeun salesma manux)
Balong sisi bumi, aya pancuran nu caina cur-cor...ninggali kahandap seueur lauk 
patinggulipak...
Disisi bumi sapalihna deui kebon ngemplo hejo, kayaning pepelakan jagong, 
sampeu, terong, cengek, kacang panjang...srrd.
Pami teu gaduh rencang sangu, kantun nguseup, laukna dibeuleum & dikecapan, 
direncangan ku sambel goang teu kakantun lalabanana...
Eueut ci duwegan nu kenging ngala...euuugghhh...terab...suganmah...matak 
betah...haroream paeh...heheh. 

Hanjakal di pilemburan jaman kiwari tos langki bumi sapertos kituw ...rata2 
digentos ku tembok.
Di sisi sawah seueur gedong sigrong patingpucunghul gaya Spanyol, Mediteran, 
srrd...duka naon teu apal.
Nitenan pangaos taneuh di kota ageung contona sapertos Bandung ni ararawis 
pisan.
Urang lembur mah sok maroyokan, tangtos dibandingkeun sareng bumi di pilembur 
nu iblig-ablag tebih pisan atuh...
"Ih, ni baretah nya urang kota mah caricing di imah sagede kurung manuk..."
"Ish lalawora, imah leutik ge aya hargaan di kota mah..."
"Tuda meni duk dek, heureut pisan jeung bararau sagala rupa..."
"Bae we matak kitu ge "stategis" meh sagala kasampeur...mun keur raripuh, bisa 
mandi bari ngagoreng lauk...heheh".

ro2


On 3/6/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Upama nengetan imah tipe perumnas, lamun urang asup ka
tengah imah teh sisi kencana biasana aya kamer sare
dua, diantara dua kamer eta biasana aya kamar mandi.
Konsepna meureun ngarah babari ka cai ti kamar sare.
Kitu oge kuring pernah ka hijiimah di Pondok Indah.
Barang asup ka imah teh, lebah katuhu ruang tamu, ari
lebah kencana langsung ka kamer mandi. Padahal dina
konsep imaht tradisional Sunda, kamer mandi ayana di
luar imah, atawa paling heunteu di beh tukang, heunteu
di tengah imah. Sok sanajan kamer mandina bersih tur 
katutupan rapet jeung make *pewangi" sagala tapi pan
lamun aya jalma miceun sabada dahar jengkol atawa
peuteuy, tetep wae bau kaambeu kamana-mana.

Kirim email ke