waluya : > Bener Kang , Einstein meunang paten, tapi lain matenkeun teori relativitasna > atawa Teori photolistrikna, tapi matenkeun alat (rancangan alat), cobi baca > sing taliti referensi nu dipasihkeun ku akang teh. Rumus jeung teori mah > tara dipatenkeun ...ah, da maksudna ge lain keur dirahasiakeun tapi keur > dipadungdengkeun (didiskusikeun), naha bener henteu rumus / teori pamanggih > manehna teh. Ayeuna oge dina jounal-jounal ilmiah loba rumus, teori, > pamaggih nu terus dipadungdengkeun. Tah lamun kabuktian bener ....aran > jelema nu manggihan meunang penghargaan, aranna sok dipake keur teori/ rumus > pamanggihna .... gusaeni : Alat mangrupikeun bentuk Konkrit teori, teorina tiasa wae sadaya jalmi terang. Tapi keur nyiptakeun alat teu bisa sagawayah da aya paten Conto : Teori HP tiasa dual mode (GSM & CDMA) teorina ti motorola, tos dipatekeun. Upami aya produsen sanes anu bade ngadmel HP dualmode kedah bayar royalti ka motorola.
Waluya : > Hih ari si Akang, pan ku kuring geus ditulis, NASA ngirim wahana luar > angkasa ka Mars neangan kahirupan teh, ceug cohagna mah make hipotesis nu > dasar-dasarna Teori Darwin. Padahal ku akang teori Darwin disebut teu > ilmiah ari ku NASA dipake dadasar. Pan rada aneh bin lucu, da hartina urang > nyebut teu ilmiah ka NASA, lembaga nu kungsi ngirim jelema ka bulan???? gusaeni : Tiasa wae leres pamendak akang, NASA ngirim wahana ka mars dasarna teori darwin. Tah nu kedah kuurang bahas nyaeta, leres teu landasan eta teh ? eta maksad abdi ieu ngan saukur masalah turunan waluya : > Ku kuring oge ti posting munggran oge geus disebut, pamanggih Darwin teh > disebutna TEORI lain POTSULAT/ HUKUM (Law). Lamun akang kungsi diajar > Fisika atawa Geologi, tangtu apal aya nu disebut Hukum : Hukum kekekalan > tanaga, hukum Newton jrrd tapi aya oge nu disebut TEORI, siga Teori Big > Bang, Teori Relativitas umum, teori lempeng Tektonik dina Geologi. Kunaon > dibedakeun? Sabab ari teori mah kajadianana teu bisa ditengetan kalawan > pasti, nu bisa teh ukur ditengetan sesana atawa akibatna (siga lini dina > teori Lempeng Tektonik). gusaeni : Hmm..., aya teori penciptaan anu dongkapna di Alloh dina AlQuran. AlQuran tos kabuktosan leres datangna ti Alloh. Didukung ku buktos-buktos Ilmiah. waluya : > Teori Darwin oge sarua, nengetan pasesaanana/ akibatna. Tah lamun > nyaritakeun sesa atawa akibatna, loba bukti nu bisa ngadukung kana pamanggih > Darwin. Dina diri urang oge, ngagantung hiji pananya, lamun urang kritis, > keur naon aya USUS BUNTU dina beuteung urang, da euweuh fungsina, dipiceun > oge teu nanaon, malah sakapeung jadi sumber panyakit. Keur naon kuku > manjangan wae, ngagawekeun wungkul kudu diteukteukan. Naha urang boga tulang > cungcurungan (tulang ekor) siga monyet atawa sato. Lamun urang nempo teori > evolusi Darwin, moal boa ieu teh ukur pasesaan ti "karuhun" manusa, nu > baheula mah aya gunana (siga kuku keur ngoet) tapi ayeuna euweuh gunana, > iwal ti keur karesep. Acan deuih kalakuan manusa, nu ceuk Kang Tirta mah > rada ngaharib-harib "seleksi Alam" di dunya sato. Conto sejenna deui > pabayatak ... mangga tengetan alam sabudeureun urang. gusaeni : Lamun urang ngabahas teori evolusi manusa, urang kudu ningali pasesaan manusa jaman baheula. Kusabab teori evolusi gumantung kana fosil, cobi urang tengetan fosil-fosil manusa nu paling kolot ku kapanggih. 1. Panimuan paling kolot nyaeta, tapak suku jelema di tanzania, anu umurna diperkirakeun 3,6 juta taun. tapak suku eta teu bisa dibedakeun jeung manusa modern (Ian Anderson, Who made the Laetoli footprints? New Scientists, vol. 98, 12 Mei 1983, hal. 373.) 2. Di spanyol aya aya fosil budak umur 12 taun, umur fosil 800.000 taun. Sarua pisan jeung jelema ayeuna. (15. Is This The Face of Our Past, Discover, Desember 1997, hal. 97-100) Cekap dua heula, tah panimuan eta ngabuktikeun "Evolusi manusia" bohong. Jadi evolusi manusa teu aya bukti ilmiah. waluya: > Kitu Kang. Lain kuring nagrti Teori Darwin, tapi maksud kuring, urang ulah > gampang ceuceub kana teori ilmiah nu geus diaku salila-lila sabab ieu bakal > "ngabelenggu" kabebasan berpikir urang. Akhirna teu kritis deui ........ gusaeni : Sanes ceuceub kang, tapi hayu urang sami-sami diskusikeun mana nu leres > > Baktos, > WALUYA wasalam -gusaeni-

