Waluya :
>  Sumuhun kitu, ari teori jeung rumus mah, komo dina sains mah (sanes 
>  teknologi) biasana ge dibuka keur umum, keur padungdengkeun, komo lamun
>  pamanggih anyar mah. Mangga we pilarian mana aya teori jeung rumus 
>  dipatenkeun. EInstein ge teu mantenkeun rumus E= mc2.  Lamun rumus dijieun
>  jadi software komputer, nu dipatenkeun lain rumusna, tapi software 
>  komputerna.
gusaeni :
Teu sadayana kang, aya oge anu dipatenkeun sareng rumusna.
Google matenkeun rumus pencarian "search engine google".

waluya :
>  Teu ngartos naon nu dimaksad " turunan" ku akang?
gusaeni:
Alah siakang, turunan hartosna sanes pokok.

waluya :
>  AKang ngartos henteu nu dimaksad Ilmiah ceuk elmu pangaweruh? Ieu kang.
>  1. Bisa diteteksi Panca indera (katempo, karasa, kadenge ....)
>  2. Lamun teu bisa, bisa diukur. Contona sora ultrasonic teu deteksi ku
>  pancaindera, tapi lamun make alat, bisa kaukur.
gusaeni :
Satuju kang.
>
Waluya :
>  Beda jeung masalah Kapercayaan (agama). Ti budak keneh urang kudu geus
>  YAKIN, ayana nu MAHA KAWASA, aya malaikat. Budak TK geus diajarkeun hal ieu,
>  tapi budak TK moal diajarkeun perkara aya sora teu kadenge jeung aya cahaya
>  nu teu katempo. Kakara di SD maranehna mimiti diajar. Di SMA, komo di PT mah
>  malah ulah percaya kitu wae, kudu ngiluan  praktek "ngukur" yen bener aya
>  sora nu teu kadenge, aya cahaya nu teu katempo .....
gusaeni :
 Urang bisa yakin kana hiji
hal kusabab aya bukti, upami kayakinan teu aya bukti tah eta disebat
dogma(Pamahaman anu dipaksakeun).
Iman Ka Alloh Intina percaya ayana Alloh, sanes kana wujudna.
Keur ngabuktikeun ayana Alloh ku jalan mikirkeun hal hal anu katepi ku
akal, nyaeta ngemutan perkawis alam dunya, manusa sareng kahirupan
urang.
Jalmi Ilmiah kawas akang mah komo gampil pisan, sabab dina dunia
kaelmuan aya hal hal anu teu bisa dibuktikeun sacara Ilmiah.
Manusa, kahirupan, alam dunya tos teratur, hiji kateraturan moal
mungkin aya kusorangan, pasti aya nu nyiptakeun. Tah nu nyiptakeun eta
nya Alloh. Kujalan berfikir samodel kitu urang bisa yakin ka Alloh
100%, sabab aya buktina.


waluya :
>  3, 6 juta taun, sakeudeung atuh Kang. Coba aya henteu sesa jelema di batuan
>  nu umurna sarua jeung jaman Dino ( Zaman jurra) nu puluhan juta taun 
>  katukang. Kaduana ieu ukur tapak suku, kumaha lamun nu nincakna jelema
>  kaayeunakeun nu nincak batuan nu umurna 3,6 juta taun? Beda jeung lamun
>  kapanggih fosilna dina batuan eta.
gusaeni :
Tah geuning, pan teori evolusi tergantung kana penemual fosil. fosil
manusa mana anu langkung lami ti eta kang ? anu ngadukung aya evolusi.

gusaeni :
>  Mungkin wae manusa geus aya 3,6 juta taun katukang, sifat elmu pangaweruh
>  henteu mutlak-mutlakan. Ngan pananyana naha eta manusa teh siga manusa
>  ayeuna?  Pasesaan manusa, pangpangna peradabanana umurna paling lila puluhan
>  rewu taun. Terus nu mangjuta-juta taun, manusa eta hirupna siga kumaha? Naha
>  geus make alat-alat sanajan nu paling sederhana oge, siga batu 
>  diseukeutkeun? Pan teu aya buktina. Nu jelas sigana teu marake baju 
>  ...hehehehe, da turunana ayeuna oge aya nu teu wawuh jeung budaya baju siga
>  urang Papua, malah kalahka "disolobongan" ....
gusaeni :
Supados Ilmiah, mangga diantos buktos pasesaan manusa anu langkung ti
3,6 juta taun. Anu tos kapendak ku para Ilmuwan.

>  
>  Baktos,
>  WALUYA

wasalam
-gusaeni-




Kirim email ke