> From: gusaeni > gusaeni : > Cobi nyimpang kang ka http://www.me.gatech.edu/energy/andy_phd/one.htm#IE1 > Didinya dijelaskeun yen einstein kungsi matenkeun hasil penelitianna.
Bener Kang , Einstein meunang paten, tapi lain matenkeun teori relativitasna atawa Teori photolistrikna, tapi matenkeun alat (rancangan alat), cobi baca sing taliti referensi nu dipasihkeun ku akang teh. Rumus jeung teori mah tara dipatenkeun ...ah, da maksudna ge lain keur dirahasiakeun tapi keur dipadungdengkeun (didiskusikeun), naha bener henteu rumus / teori pamanggih manehna teh. Ayeuna oge dina jounal-jounal ilmiah loba rumus, teori, pamaggih nu terus dipadungdengkeun. Tah lamun kabuktian bener ....aran jelema nu manggihan meunang penghargaan, aranna sok dipake keur teori/ rumus pamanggihna .... > gusaeni : > Masalah ieu mangrupikeun turunan tina teori evolusi, numutkeun abdi > anu peryogi kuurang dibahas nya teori evolusi dawrin tea kang. Hih ari si Akang, pan ku kuring geus ditulis, NASA ngirim wahana luar angkasa ka Mars neangan kahirupan teh, ceug cohagna mah make hipotesis nu dasar-dasarna Teori Darwin. Padahal ku akang teori Darwin disebut teu ilmiah ari ku NASA dipake dadasar. Pan rada aneh bin lucu, da hartina urang nyebut teu ilmiah ka NASA, lembaga nu kungsi ngirim jelema ka bulan???? > gusaeni : > Tapi inti teori evolusi Darwin pan > "mangkeluk di dunya teh aya ku akibat kabeneran, mangkeluk aya sorangan ti > kondisi alamiah". Tah teori ieu sanes mangrupikeun Hukum Ilmiah oge > fakta anu tos kabuktosan. Ku kuring oge ti posting munggran oge geus disebut, pamanggih Darwin teh disebutna TEORI lain POTSULAT/ HUKUM (Law). Lamun akang kungsi diajar Fisika atawa Geologi, tangtu apal aya nu disebut Hukum : Hukum kekekalan tanaga, hukum Newton jrrd tapi aya oge nu disebut TEORI, siga Teori Big Bang, Teori Relativitas umum, teori lempeng Tektonik dina Geologi. Kunaon dibedakeun? Sabab ari teori mah kajadianana teu bisa ditengetan kalawan pasti, nu bisa teh ukur ditengetan sesana atawa akibatna (siga lini dina teori Lempeng Tektonik). Teori Darwin oge sarua, nengetan pasesaanana/ akibatna. Tah lamun nyaritakeun sesa atawa akibatna, loba bukti nu bisa ngadukung kana pamanggih Darwin. Dina diri urang oge, ngagantung hiji pananya, lamun urang kritis, keur naon aya USUS BUNTU dina beuteung urang, da euweuh fungsina, dipiceun oge teu nanaon, malah sakapeung jadi sumber panyakit. Keur naon kuku manjangan wae, ngagawekeun wungkul kudu diteukteukan. Naha urang boga tulang cungcurungan (tulang ekor) siga monyet atawa sato. Lamun urang nempo teori evolusi Darwin, moal boa ieu teh ukur pasesaan ti "karuhun" manusa, nu baheula mah aya gunana (siga kuku keur ngoet) tapi ayeuna euweuh gunana, iwal ti keur karesep. Acan deuih kalakuan manusa, nu ceuk Kang Tirta mah rada ngaharib-harib "seleksi Alam" di dunya sato. Conto sejenna deui pabayatak ... mangga tengetan alam sabudeureun urang. Kitu Kang. Lain kuring nagrti Teori Darwin, tapi maksud kuring, urang ulah gampang ceuceub kana teori ilmiah nu geus diaku salila-lila sabab ieu bakal "ngabelenggu" kabebasan berpikir urang. Akhirna teu kritis deui ........ Baktos, WALUYA

