Kang W..lamun ieu diteraskeun ngobrolna..bakal MULEK......

On 6/2/08, gusaeni <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> Waluya :
> > Sumuhun kitu, ari teori jeung rumus mah, komo dina sains mah (sanes
> > teknologi) biasana ge dibuka keur umum, keur padungdengkeun, komo lamun
> > pamanggih anyar mah. Mangga we pilarian mana aya teori jeung rumus
> > dipatenkeun. EInstein ge teu mantenkeun rumus E= mc2. Lamun rumus dijieun
> > jadi software komputer, nu dipatenkeun lain rumusna, tapi software
> > komputerna.
> gusaeni :
> Teu sadayana kang, aya oge anu dipatenkeun sareng rumusna.
> Google matenkeun rumus pencarian "search engine google".
>
> waluya :
> > Teu ngartos naon nu dimaksad " turunan" ku akang?
> gusaeni:
> Alah siakang, turunan hartosna sanes pokok.
>
> waluya :
> > AKang ngartos henteu nu dimaksad Ilmiah ceuk elmu pangaweruh? Ieu kang.
> > 1. Bisa diteteksi Panca indera (katempo, karasa, kadenge ....)
> > 2. Lamun teu bisa, bisa diukur. Contona sora ultrasonic teu deteksi ku
> > pancaindera, tapi lamun make alat, bisa kaukur.
> gusaeni :
> Satuju kang.
> >
> Waluya :
> > Beda jeung masalah Kapercayaan (agama). Ti budak keneh urang kudu geus
> > YAKIN, ayana nu MAHA KAWASA, aya malaikat. Budak TK geus diajarkeun hal
> ieu,
> > tapi budak TK moal diajarkeun perkara aya sora teu kadenge jeung aya
> cahaya
> > nu teu katempo. Kakara di SD maranehna mimiti diajar. Di SMA, komo di PT
> mah
> > malah ulah percaya kitu wae, kudu ngiluan praktek "ngukur" yen bener aya
> > sora nu teu kadenge, aya cahaya nu teu katempo .....
> gusaeni :
> Urang bisa yakin kana hiji
> hal kusabab aya bukti, upami kayakinan teu aya bukti tah eta disebat
> dogma(Pamahaman anu dipaksakeun).
> Iman Ka Alloh Intina percaya ayana Alloh, sanes kana wujudna.
> Keur ngabuktikeun ayana Alloh ku jalan mikirkeun hal hal anu katepi ku
> akal, nyaeta ngemutan perkawis alam dunya, manusa sareng kahirupan
> urang.
> Jalmi Ilmiah kawas akang mah komo gampil pisan, sabab dina dunia
> kaelmuan aya hal hal anu teu bisa dibuktikeun sacara Ilmiah.
> Manusa, kahirupan, alam dunya tos teratur, hiji kateraturan moal
> mungkin aya kusorangan, pasti aya nu nyiptakeun. Tah nu nyiptakeun eta
> nya Alloh. Kujalan berfikir samodel kitu urang bisa yakin ka Alloh
> 100%, sabab aya buktina.
>
> waluya :
> > 3, 6 juta taun, sakeudeung atuh Kang. Coba aya henteu sesa jelema di
> batuan
> > nu umurna sarua jeung jaman Dino ( Zaman jurra) nu puluhan juta taun
> > katukang. Kaduana ieu ukur tapak suku, kumaha lamun nu nincakna jelema
> > kaayeunakeun nu nincak batuan nu umurna 3,6 juta taun? Beda jeung lamun
> > kapanggih fosilna dina batuan eta.
> gusaeni :
> Tah geuning, pan teori evolusi tergantung kana penemual fosil. fosil
> manusa mana anu langkung lami ti eta kang ? anu ngadukung aya evolusi.
>
> gusaeni :
> > Mungkin wae manusa geus aya 3,6 juta taun katukang, sifat elmu pangaweruh
> > henteu mutlak-mutlakan. Ngan pananyana naha eta manusa teh siga manusa
> > ayeuna? Pasesaan manusa, pangpangna peradabanana umurna paling lila
> puluhan
> > rewu taun. Terus nu mangjuta-juta taun, manusa eta hirupna siga kumaha?
> Naha
> > geus make alat-alat sanajan nu paling sederhana oge, siga batu
> > diseukeutkeun? Pan teu aya buktina. Nu jelas sigana teu marake baju
> > ...hehehehe, da turunana ayeuna oge aya nu teu wawuh jeung budaya baju
> siga
> > urang Papua, malah kalahka "disolobongan" ....
> gusaeni :
> Supados Ilmiah, mangga diantos buktos pasesaan manusa anu langkung ti
> 3,6 juta taun. Anu tos kapendak ku para Ilmuwan.
>
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
>
> wasalam
> -gusaeni-
>
> 
>

Kirim email ke