> From: gusaeni
> Alat mangrupikeun bentuk Konkrit teori, teorina tiasa wae
> sadaya jalmi terang. Tapi keur nyiptakeun alat teu bisa sagawayah da
> aya paten

Sumuhun kitu, ari teori jeung rumus mah, komo dina sains mah (sanes 
teknologi) biasana ge dibuka keur umum, keur padungdengkeun, komo lamun 
pamanggih anyar mah. Mangga we pilarian mana aya teori jeung rumus 
dipatenkeun. EInstein ge teu mantenkeun rumus E= mc2.  Lamun rumus dijieun 
jadi software komputer, nu dipatenkeun lain rumusna, tapi software 
komputerna.

> From: gusaeni
> Tiasa wae leres pamendak akang, NASA ngirim wahana ka mars dasarna
> teori darwin. Tah nu kedah kuurang bahas nyaeta, leres teu landasan
> eta teh ? eta maksad abdi ieu ngan saukur masalah turunan

Teu ngartos naon nu dimaksad " turunan" ku akang?

> gusaeni :
> Hmm..., aya teori penciptaan anu dongkapna di Alloh dina AlQuran.
> AlQuran tos kabuktosan leres datangna ti Alloh. Didukung ku
> buktos-buktos Ilmiah.

AKang ngartos henteu nu dimaksad Ilmiah ceuk elmu pangaweruh? Ieu kang.
1. Bisa diteteksi Panca indera (katempo, karasa, kadenge ....)
2. Lamun teu bisa, bisa diukur. Contona sora ultrasonic teu deteksi ku 
pancaindera, tapi lamun make alat, bisa kaukur.

Beda jeung masalah Kapercayaan (agama). Ti budak keneh urang kudu geus 
YAKIN, ayana nu MAHA KAWASA, aya malaikat. Budak TK geus diajarkeun hal ieu, 
tapi budak TK moal diajarkeun perkara aya sora teu kadenge jeung aya cahaya 
nu teu katempo. Kakara di SD maranehna mimiti diajar. Di SMA, komo di PT mah 
malah ulah percaya kitu wae, kudu ngiluan  praktek "ngukur" yen bener aya 
sora nu teu kadenge, aya cahaya nu teu katempo .....

> Lamun urang ngabahas teori evolusi manusa, urang kudu ningali pasesaan
> manusa jaman baheula. Kusabab teori evolusi gumantung kana fosil, cobi
> urang tengetan fosil-fosil manusa nu paling kolot ku kapanggih.
< 1. Panimuan paling kolot nyaeta, tapak suku jelema di tanzania, anu
> umurna diperkirakeun 3,6 juta taun. tapak suku eta teu bisa dibedakeun
> jeung manusa modern (Ian Anderson, "Who made the Laetoli
> footprints?" New Scientists, vol. 98, 12 Mei 1983, hal. 373.)
> 2. Di spanyol aya aya fosil budak umur 12 taun, umur fosil 800.000
> taun. Sarua pisan jeung jelema ayeuna. (15. "Is This The Face of
> Our Past," Discover, Desember 1997, hal. 97-100)

3, 6 juta taun, sakeudeung atuh Kang. Coba aya henteu sesa jelema di batuan 
nu umurna sarua jeung jaman Dino ( Zaman jurra) nu puluhan juta taun 
katukang. Kaduana ieu ukur tapak suku, kumaha lamun nu nincakna jelema 
kaayeunakeun nu nincak batuan nu umurna 3,6 juta taun? Beda jeung lamun 
kapanggih fosilna dina batuan eta.

Mungkin wae manusa geus aya 3,6 juta taun katukang, sifat elmu pangaweruh 
henteu mutlak-mutlakan. Ngan pananyana naha eta manusa teh siga manusa 
ayeuna?  Pasesaan manusa, pangpangna peradabanana umurna paling lila puluhan 
rewu taun. Terus nu mangjuta-juta taun, manusa eta hirupna siga kumaha? Naha 
geus make alat-alat sanajan nu paling sederhana oge, siga batu 
diseukeutkeun? Pan teu aya buktina. Nu jelas sigana teu marake baju 
...hehehehe, da turunana ayeuna oge aya nu teu wawuh jeung budaya baju siga 
urang Papua, malah kalahka "disolobongan" ....

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke