Panasaran oge ..pamungkas yeuh..Mun aya hiji mahasisawa ngadamel skripsi
atanapi thesis ELMU PANGAWERH...dina didebat ku panel..kulantaran
kadesek..teras ngutip ayat2 Alquran.(Surat...ayat)..teras Insya
Allah..bener....da sagala oge kagungan Gusti Allah.apsti benerna...Rame nya
sidang sarjana na..........Cag ah.........

On 6/2/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   > From: gusaeni
> > Teu sadayana kang, aya oge anu dipatenkeun sareng rumusna.
> > Google matenkeun rumus pencarian "search engine google".
>
> Eh pan ku kuring ge geus disebutkeun dina Sains sanes dina Teknologi (nu
> hartina ngahasilkeun duit)
>
> > From: gusaeni
> > Alah siakang, turunan hartosna sanes pokok.
>
> Euh umpama kitu mah, lamun pokokna salah, turunana oge salah atuh. NASA
> salah meureun ari kitu mah nya?
>
> > gusaeni :
> > Jalmi Ilmiah kawas akang mah komo gampil pisan, sabab dina dunia
> > kaelmuan aya hal hal anu teu bisa dibuktikeun sacara Ilmiah.
>
> Nu matak ceuk kuring oge, KAYAKINAN mah tetep KAYAKINAN (IMAN) ulah
> dipabeulitkeun jeung sikep Ilmiah (elmu pangaweruh/ Sains). Sains mah
> salawasna urusanana jeung materi, Dina sains mah lamun teu katedeteksi ku
> pancaindera atawa teu kaukur moal diaku aya. Contona debus Banten nu teu
> teurak ku bedog, tahan ku seuneu, moal asup kana Sains satuntung Sains teu
> bisa ngukur "kakuatan" naon nu aya di jelema tukang debus nepika bisa teu
> teurak ku bedog. Debus Banten asupna kana gaib-gaib, lain dunya Ilmiah ....
>
> > gusaeni :
> > Tah geuning, pan teori evolusi tergantung kana penemual fosil. fosil
> > manusa mana anu langkung lami ti eta kang ? anu ngadukung aya evolusi.
>
> Sanes fosil wae, dina posting tiheula ku kuring geus disebutkeun aya bagian
>
> ti awak manusa nu teu jelas fungsina, dipiceun ge teu kunanaon. Salian ti
> usus buntu, kuku, aya deui ....KULUP PENIS (punten). Urang pan disunat,
> kulup ieu dipiceun. Keur naon kulup penis, boa-boa ukur pasesaan nu teu aya
>
> gunana. Atawa ceuk Akang aya gunana, naha keur naon atuh disunat??
>
> > gusaeni :
> > Supados Ilmiah, mangga diantos buktos pasesaan manusa anu langkung ti
> > 3,6 juta taun. Anu tos kapendak ku para Ilmuwan.
>
> Hih ...eta sugan Akang aya buku kitu nu ngareferensina. Nu 3,6 juta taun
> ukur dugaan Kang, da ngan saukur tapak suku!. Pananya kuring acan dijawab,
> ari hirup manusa nu jutaan taun teh, urutna mana nya?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke